Wilujeng sumping  di Babakan Kusnet, Kang Dudi nu di Sudan. Nepangkeun sim 
kuring pun Waluya, urang Bandung tapi asalna ti Sumedang.

Kang Dudi, kuring mah ari nguping Sudan teh, emut kana wartos dina koran. 
Cenah di Darfur Sudan, aya kajantenan nu ku pers barat mah disebat etnic 
cleansing atanapi genocide. Kajadian ieu teh, tepi ka disorot ku PBB, PBB 
rek masihan sanksi ka pamarentah Sudan  kulantaran ngantep milisi pro 
pamarentah, "ngabantai" penduduk di Darfur Sudan. Milisi pro pamarentah, 
lamun teu lepat mah namina teh Jangjaweed, nu etnikna Arab, nyerebu, 
ngarusak jeung maehan urang-urang hideung di Darfur. Kasus ieu ampir-ampir 
jadi agenda utama PBB, lamun teu aya bencana tsunami di Aceh mah. Tapi 
sakali deui, ieu wartos teh ceuk koran.

Tah, kumaha saleresna situasi di Sudan teh? naha leres eta teh aya "etnic 
cleansing"?

Baktos,
WALUYA

dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun pisan atuh kang Jamal kana pangbageana.
Numatak ,abdi  ka/di  Sudan teh teu acan lami yeuh , nembe dua iyangan. 
Kahiji salami 43 dinten. Ahir oktober dugi ka awal desember 2005. Tah nu 
ayeuna nu kadua kalina . Kawit awal Januari , Insya Allah  sasasih lamina. 
Janten  teu acan tiasa  seueur d! ongeng na
Tapi anu katengetan ku sim kuring mah, karakter urang Sudan teh ampir mirip 
sareng urang Sunda . Sabar, gede toleransi jeung taat kana ibadahna. Malah 
leuwih onjoy ti batan urang sunda.Urang sudan mah anu katingali ku sim 
kuring, upama geus waktuna solat ah der we solat. Baju bolokot ku taneuh 
/kebul teu jadi alesan  teu ngadegkeun solat. Malah sujudna ge teu make 
sajadah , istuning diamparan  ku kebul taneuh we . Mun wudu teu rea meakkeun 
cai .Cukup ku  sabotol leutik. Solidaritasna oge cukup tinggi.
Istuning urang sudan mah dina ngajalankeun bag bagan  agamana teh 
ngaheulakeun ahlak tibatan patogtegan dina  urusan fikih. Dina solat wae, 
waktu ngadeg saatos takbiratur ihrom, aya anu sidakep, aya nu henteu. Teu 
jadi soal. Berjamaah we. Luyu .
Salila di Sudan, can ningali urang sudan parea-rea omong/ paheuras heuras 
genggerong atawa  pasea tea. Salabar we, padahal suasana ! ; di pagawean rea 
piambekkeun, panas jeung rada diburu-buru, da di lapangan. Duka  ari 
kanyataan di luar lingkungan gawe sim kuring mah.

Euh aya pangalaman anu ngajadikeun  sim kuring rada ngagebeg. Waktos 
ngawitan pendak sareng urang sudan, manehna langsung ngasongkeun leungeun 
bari nyebut dhamam?, cenah. Ari pangdenge sim kuring mah sugan teh nanya 
damang?. Aeh sugan teh kuring panggih jeung urang sunda deui. Ari 
pihartieunnana kecap eta teh  meh sarua jeung  kecap damang di urang. Nanya 
kaayaan urang. Gimana  kamu OK ?, mun cek bahasa malayuna mah.
Sigana sakitu we heula nya "salam perkenalan" ti sim kuring  ayeuna . Insya 
Allah disambung sanes waktos.

Wassalam
Dudi




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke