Poe kemis minggu kamari kuring nyimpang ka Batam, hayang nepungan urang Babakan KUSnet nu dumuk di pulo eta. Alhamdulillaah, jol ka palabuan Batam Centre teh, kuring dibageakeun ku Iki (kapiadi punbojo), jeung Kang Panzi (sakulawarga) nu ngageugeuh Sumitomo.

Kopdar KUSnet leuleutikan lumangsung peutingna, malem jumaah, di Yongki, restoran sipud. Nu sumping teh Kang Iyan, Teh Novi, Teh Nenong, Kang Panzi, Kang Dian (Gardiana, nu ngajemput kuring ti tempat kos kapiadi di Bengkong), total jendral aya 7 urang. Sanggeus beres balakecrakan, kusabab diburu2 ku nu boga restoran (rek tutup), Kang Iyan & Teh Novi mah amitan, marulih, sedengkeun kuring limaan mah kukurilingan heula. Nuhun pisan ka kang Panzi nu tos nraktir "dinner" & ngampihan kuring nu kapeutingan di Batam, oge Kang Dian nu tos kersa ngajak kukurilingan di Batam, kum ka sadayana nu parantos ngersakeun nepangan kuring di Batam.

Jumaah isuk2, kuring & Kang Panzi bareng balik ka Jakarta tumpak Singa Cai (Lion Air maksudna mah)...

--
sikandar

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke