.... Kang Ganjar.
Sihapuntenna, upami dina dongkapna ieu serelek parantos telat ayana.
Kang .... upami teu lepat teh, dua mingguan kalangkung kapan Akang teh ngaharewos ka kuring, yen Akang teh sejana mulang ka lembur ..... upami teu lepat, kuring oge nampi wawar heuleut dina dua minggu eta, yen pernahna oge Akang teh ngawangkong sareng Abah Surya lan Kang Oman di lembur teh.
Bubuhan kuring nembe tiasa ngalongokan babakan dua dinten ieu ... hapuntenna bae upami nembean weruh, rehna Ramana Akang teh parantos waktosna pikeun mulang....
Kang .... panginten Malati teh parantosna lingsir ku wanci, nya Campaka ligar ku mangsa!
Pamugi bae Nu Maha Murbeng maparinkeun tempat nu merenah-tumaninah pikeun Ramana Akang, ....... nya panginten pikeun kulawarga nu dikantunkeunana, khususonana mah pikeun Kang Ganjar, mugya bae Alloh maparinkeun kaiklasan, katawekelan tur kasobaran dina nanampi ieu papasten.
Anapon, pikeun kami bil khususna nonoman sunda ..... panginten, kasaean Rama Akang sakumelendangna di bumi-alam iasa janten picontoeun pikeun kami,.... mugi oge kami tiasa diidinan ku Mantena pikeun neraskeun rarancang Anjeuna dina nanjeurkeun kasundaan.
Lianna, mugya ... ieu wawar papasten teh iasa janten pangemut pikeun urang sadaya yen dina ngambah ieu kahirupan di buana panca tengah teh mugi bae urang iasa janten rohmatan lil'alamin..... sakali deui, bil khususna pikeun Urang Sunda!
..... amin ya robb!!
Tawakupna bae, nya Kang!
-pun adi-
*********************************
On 1/17/06, Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rumasa ayeuna mah arang langka mukaan serelek, balukarna kakara bieu maca beja yen ramana kang Ganjar tilar dunya. Hampura kang !
Inna lillaahi wa inna ilaihi roji'un.
Yakin, urang teh kagungan Anjeuna, nya moal ka mana urang mulang iwal ti wangsul deui ka Anjeuna.
Hampura kang, kuring teu bisa walakaya, ngan ukur bisa mapatkeun du'a : "Mugia arwah tuang rama dihapunten samudayaning kalepatanana, ditampi iman-islamna, dipaparin caang padang narawangan alam quburna. Anapon kulawargi anu dikantun, mugia dipaparin kasabar-tawekalan, tumampi kana kadar anu tumiba sarta teu hilap ngadaru'a. Aamiin yaa Robbal alamiin.
---xxx---
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

