punten ah, sim kuring dek miheulaan ngawaler atawa babagi pangalaman tapi ngan bagean ngeunaan papakean.
Indungna Amey baheula meun kabeneran manehna ka Pinang atawa ka Batam, uihna sok ngahajakeun mangmeserkeun acuk jang kuying, digentosan artosna alim.. langkung ti 5 kali, da terangeun abdi mah can biasa balanja pakean sorangan nepikeun ka ayeuna... tong boroning ngan saukur pakean samodel kameja jeung calana.. dalahan pakean jero oge daekeun manehna mah dititipkeun, ngan can pernah mangmeserkeun saputanganmah da pasti kuring nolak... heheee.. tapi Alhamdulillah geuningan ngajadi.. buktina? Amey.. ;)
 
 
Salam,
Ule.. * bisana ngacaprax jeung ngacaprux bari ngagelom kurupux

 

-----Original Message-----
From: iva wanti [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, January 18, 2006 1:26 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] rejeki (usul ka karuhun)

Cik mang bade naros, pami nu hamil/ngandeg cenah kedah nganggo kalung nu gantunganana biasana sok paniti, bawang bodas teras sabangsaning naon deui teu patos apal. Ieu saurna kanggo ngahindar hal2 gaib anu bakal ngaganggu (ngaganggu kana janinna panginten nya). Teras cenah pami urang gaduh pasangan ulah masihan barang samodel acuk/anggoan sabab tiasa megatkeun kana hubunganana. Tah contoh2 eta, nganggo alasan sacara logikana aya teu?
Manawi we gaduh jawabanana.
 
Neng Iva


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke