teu terang karuh, sanaos kantos oge ningali di lembur aya ibu2 nu nuju kakandungan ngangge parabot eta dikalungkeun atanapi dijepitkeun kana raksukan. tapi upami di korehan ku logika atanapi kirata (dikira-kira sangkan nyata, basa legegna sigana hipotesis, hehe), salian ti makna perlambang sigana ngandung maksud/tujuan nu praktis. kaci ditoong fungsina masing2 eta parabot.
perkawis perlambang mah duka teuing. boa2 mun ditoong jero mah, aya hubungan sareng elektromagnetik (panitih, gunting lipet, jrrd pan tina logam) nu kararitu. nu cek deetna mah enya, kanggo tolak bala misalna. gunting, paranti neukteuk paniti paranti niti eh, siga kancing. sigana paranti jaga2 mun kancing coplok, pan karunya jabang bayi tiriseun,janten raksukan si mamah tiasa ngangge paniti. bawang bawang bodas, sarupaning bawah teh ubar alami nu matih. malah cenah aya jenis serangga (insect)nu bakal nyingcet mun aya bawang. boa kanggo nolak reungit sareng buhaya. hehe. ----------------- Cik mang bade naros, pami nu hamil/ngandeg cenah kedah nganggo kalung nu gantunganana biasana sok paniti, bawang bodas teras sabangsaning naon deui teu patos apal. Ieu saurna kanggo ngahindar hal2 gaib anu bakal ngaganggu (ngaganggu kana janinna panginten nya). Teras cenah pami urang gaduh pasangan ulah masihan barang samodel acuk/anggoan sabab tiasa megatkeun kana hubunganana. Tah contoh2 eta, nganggo alasan sacara logikana aya teu? Manawi we gaduh jawabanana. mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

