Kang Nata hatur nuhun, abdi sapagodos pisan, mugia wae kecap pamali nu ceuk karuhun teh mung ukur siloka wungkul. Ngan nyaeta atuh matak abdi wawantunan ngaguar nu kieu teh, da dina kanyataanana sok aya wae, sapertos anu di dongengkeun ku akang teh seueur kajantenan, alatan percaya teuing kana etangan anu teu ilahar ge dilaksanakeun da saur etangan pisaeeun. Leres saur mang Hasan kecap pamali anu teu ap tu det deui kedah diamandemen, sugan we atuh ari tos di amandemen mah teu ngaraos kabeungkeut ku mitos anu can tangtos leres henteuna.  Ceuk teh Ika mah "Haree geneeh masih percaya ka pamali !", muhun nya teh, nuar kai nembe pamali komo kaina tos janggotan sarta aya nu ngageugeuh he he. Tapi kade masalah Dian Sastro teu pamali mah teu kenging di uar uar cekap harewoskeun ka abdi, bilih kadangueun ku kang Ndoel, ka anjeuna mah saurkeun we, pamali banget kituh he he. Tadi teh si teteh Ipeut naroskeun saha atuh ari karuhun teh ? Numawi abdi ge dugi ka ayeuna lebeng saha ari karuhun teh, da tikapungkur can kantos papendak he he. Ke pami pendak wang pancakaki, kapi naon abdi sareng karuhun teh he he.  Nguliwed ka wa Tito, muhun wa rejeki mah saena upami nuju disisi cacapa heula teras giringkeun ka tengah tos kempel nembe diheurap he he. Wa Tito damang? Nuhun ari damang mah, mugia ngaheurap rejekina kenging nu badag he he. Hapunten ngawalerna di ragem, biasa meh rarat samara.
SR ( udeg-udegna karuhun)
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, January 18, 2006 8:08 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] USUL ka Karuhun

Katerangan ti akang perkawis urang sunda teh leres pisan, sanaos teu sadayana ngayakinkeun anu kararitu, namung abdi oge panuju sareng
pendapat akang syam, abdi mung tiasa masihan saran yen perkawis anu hal ieu sapertos jodo, pasti,cilaka, jst, teu kenging  gumantung  kana etangan karuhun margi bilih ngaluberkeun atanapi ngirangan  kayakinan iman urang, margi perkawis bagja sareng cilaka tos aya nu ngatur Na, malihan bilih malik cilaka ka urang nyalira, apanan urang sadayana kedah sieun teh mung ku Allah swt,
janten upami urang kahalangan ku sifat pamali dugi ka yakin tur sagala rupi maksad anu sae janten bedo alatan pamali , berarti kayakinan urang teh tos tue salaras sareng aturan  anu Kawasa, sapertos nikah apanan eta teh ibadah.
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke