Sae tah kang Rahmat,
Perkawis naon materi atanapi saha anu bade midangkeun ka KUSnet an mangga nyanggakeun.
Teras perkawis logistik kumaha nya kang Rahmat ? Abdi mah teu acan kabayang da...he...he..
Kanu bade ngiringan dina acara ieu sumangga panginten nya kang Rahmat di bewarakeun bae kitu atanapi kumaha ? Saterasna kumaha tah, peryogi dibewarakeun kanggo ngiringan acara ieu atanapi kumaha? mangga diantos pisan waleranana, waktos tos meped. Intina urang kedah sayogi sagala rupina, mangkaning ieu mah pan mayunan para dosen, janten kedah siap2 we...janten rade benten panginten, panginten eta oge, he....he....

On 1/18/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tos aya 17 an urang (dosen sareng mahasiswa) anu bade
sumping, dina acara SIMPAY-KUSnet.(tong hilapkang
kumincir pesenan buku 4S na). Hiji jumlah anu kawilang
seueur, da ari biasana mah acara SIMPAY teh paling
seueur oge anu sumping mung 10 urang.
Ku kuring "diolo" mun sumping ka acara eta, baris
tiasa chetting sareng urang SUnda sakuliah Dunya.
(Kang MH siap-siap "ngaluangkeun" waktos dina Dinten
saptu ping 21 Januari mayunan komputer).
Anu parantos maheutkeun waktos teh, kang Oman, sayagi
tiasa janten moderator, Teh Ika oge bade sumping,
saurna teh. Kang Runa tos siap janten koordinator
notulensi, atanapi reporter anu bade ngawartakeun
jalanna pasamoan via yahoo Messenger. Atuh Kang
Kumincir, tos pasti kedah medarkeun wikipedia.kang
Ikmal sareng kang Ndoell oge kapungkur teh tos sayagi
janten seksi repot. Mung kuring teu acan kenging
konfirmasi ti Kang Akos, Kang Tirta sareng teh Imas.
--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id
www.su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
www.urangtasik.multiply.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.