Hatur nuhun Kang Dian.
Mangga ku abdi bade dicobian. Da teu ngartos abdi mah urusan naskah kuno teh, komo kawitna mah teu minat, hehehe.... ma'lum karek sadar jadi Urang Sunda. Ieu mah digeuingkeun ku Kang Oman, pedah kaleresan aya rerencangan di Museum Sri Baduga. Akhirna turas-taros ngawanikeun maneh, tah nembe tiasa kenging daftarna wungkul. Mugi usul Kang Dian tiasa kalaksanakeun.
ika
Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceu Ika,
Abdi usul, kumaha saupami anu dipedar di internet sanes transliterasina*) wungkul, nanging oge sareng foto-foto (digital) atanapi scan tina naskah aslina? Panginten seueur anu bakal nyobian ngabantosan proses transliterasina.
Wassalaam,
-Dian-
*) Aya nu terang kumaha nyerat kecap "transliterasi" dina aksara Sunda?
Utamina dina kluster 'ns ', naha nganggo pamaeh wae kitu? TA -ra NA ; SA ; LA -i TA -e RA SA -i
; = pamaeh.
On 18/01/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kahatur BarayaKuring kamari dikintun daftar naskah kuno nu aya di Museum Sri Baduga. Aya 154 naskah, tapi nu dina daftar ieu aya 143 naskah. Naskah nu tos ditransliterasi nembe 16. Janten seueur keneh nu kedah digarap. Alesan na mah kirang biaya saurna (hehehe....pura-pura teu nyaho nya). Padahal mah kebijakan nu teu ngadukung panginten.Kuring bade nyobian naskah nu tos ditransliterasi supados tiasa dimuat di internet. Mugi ti Museum tiasa ngijinan.Mangga, ieu mah nembe daftarna wungkul.Baktos,ika
Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

