1) Dina ngaguar atawa presentasi peupeujeuh posisikeun urang salaku anu engeuh dina urusan teknologina wae (TI), kitu oge karek saeutik dina lebah ngamanfaatkeunana. Anapon urusan subtansina (basa Sunda, sejarah Sunda, aksara Sunda, jst), rupina di Simpay seueur anu langkung ahli ti urang;
Muhun, jadi tukang tukang kagok ge... Ka TI kagok, ka basa Sunda/kasundaan kagok, tapi teu bisa disebut siger tengah nya nu kieu mah, hehe... Kuring mah ukur rek mangnepikeun masalah ngamangpaatkeun mediana, media Internet salahsahijina
2) Samemehna, luyu jeung materi-materi anu rek ditepikeun sewang-sewangan, aya alusna upama anu salila ieu naratas atawa matuh ngagarapan eta materi-materi dihubungan heula. Upamana, e-pupuh, TQBS, Koropak ka Mh, digitalisasi PS ka Mh jeung Pituin (salira mah teu kedah dihubungan deui, geus dalit :) anu geus maneuh ngagarapanana. Wikipedia mah garapan salira ku anjeun, geus teu kudu dibejer-beaskeun deui. Teu aya sanes bisi aya tambahan atawa talatah anu alus lamun ditepikeun wae.
Tangtos, malihan mah bahan2na ge kapan ti aranjeunna... Kuring mah ukur mangnepikeun rupa2 pamanggih/kapercekaan aranjeunna...
3) Ngeunaan Unicode intina mangga bae bade dikenalkeun mah. Namung hal eta teh masih atah keneh. Masih mangrupi proses nu kedah dibadantenkeun ku seueur pihak margi peryogi kaahlian khusus sareng dukungan beaya nu ageung. Bilih bae aya jalmi atawa hiji lembaga nu nyanggeman ngalaksanakeun proyek unicode nya mangga bae, ngan poma supaya konsekuen dipigawe nepi ka anggeus, dugi ka junun.
Muhun deui, ngeunaan unicode mah, ukur rek disabit saancloman...
4) Ngeunaan manusa Sunda anu aktif sareng rancage di milist seueur pisan. Upama eta disebat KUSnet, nya aya anu tos gabung dina hiji lembaga sapertos yayasan atanapi masih nyorangan. Mugi kaangken wae sadayana.
Sip, satuju... da teu diwilah2...
5) Bisi si kuring teu bisa hadir ngaluuhan eta acara, tawakufna wae. Kalawan catetan: si kuring rek miluan hadir di alam maya ngalagkungan YM atawa milist. Pamugi wae dina eta acara teh tiasa oge kapidangkeun dina tangtungan online-na.
Mudah2an tiasa...
--
sikandar
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

