Bagea
kang Fikiri Wilujeng ngariung janten Warga Lembur Babakan KusNet, mugia betah
tinekanan.. Insya Allah seueur baraya urang anu pasti ngalereskeun upami urang
aya lepat dina kecap atanapi naon wae.... silih asah silih asuh silih asih silih
simbehan ku kanyaah silih ledot silih gabrug..ehh....katutuluyan
geuning...
untinamah wilujeng ngariung wae lah.. sakantenan nepangkeun oge sim
kuring wasta Cecep Wahyu, kawit ti Bandung ( Cicadas ) ayeuna nuju buburuh di
nagri segantang Lada alias Kepulauan Riau, yuswa? tos langkung ti 30 taun, di
Kepri nembe bade 11 taun sami deuih Alhamdulillah oge tos gaduh anak awewe anu
nembe hiji ti istri anu awewe oge ( nembe ) hiji...
;)
Mangga
kang Wilujeng,
Salam
pangwanoh,
Çéçép
Wahyu
| http://kangule.multiply.com/
[email protected] <-- Khususon jang nambih elmu atawa obrolan anu daria lolobana kuring noongan wungkul da hézé anu daria teh lah.. ;) [EMAIL PROTECTED] <-- Khususon kangge ngadu bako, ngawadul, silih gonjakan, silih eledan, sangacapraxna wae... heuheuheuheuheu ;-p |
-----Original Message-----Sateu acanna sim kuring nyungkeun panghapunten ti para wargi sadaya, ku
From: Ari R. Fikri [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, January 19, 2006 9:45 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun
margi basa
Sunda sim kuring kacida awonna. Janten upami aya lepat-lepat kecap atanapi
pamaksadan
supados ngamaklum sareng kersa ngoreksi/ngalereskeun.
Nepangkeun Sim kuring wasta Ari R. Fikri, linggih di Ciwidey anu kawentar
ku situ Patenggangna. Dupi yuswa nembe 27 tahun, parantos nikah, sareng ku
Gusti
nu Maha Suci di percanten amanah kagungan putera hiji nu yuswa na nembe opat
sasih.
Padamelan kuring software developer nu kantorna namina SET-INDO di Buah
Batu, Bandung.
Nampi info tina milis koran PR, yen geuning urang sunda teh aya porumna,
janten nyobian
hoyong ngiringan kana milis ieu.
Ari tujuan sim kuring ngiringan milis ieu teh, bade balaka we, ku margi basa
sunda sim kuring kacida
awonna, bari di borojolkeun sareng di ageungkeun mah di tatar sunda,
sadidinten malah nyangem
basa sunda, malah mah teu acan kantos ninggalkeun pulau Jawa, tapi upami
nyangem nganggo
undak-usuk basa mah kacida ngisinkeunna. Eleh ku para wargi anu tos
ninggalkeun tatar Sunda taun-taun
ngumbara di nagara deungeun. Ku margi kitu sugan-sugan ku jalan ngiring
milis ieu basa sunda sim kuring
tiasa improve (naonnya basa sunda na ?), sareng nambih dulur urang Sunda di
sakuliah dunya.
Mugi-mugi wargi sadaya kersa nampi sim kuring lebet kana milis ieu.
Wassalam,
Ari R. Fikri
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

