Wilujeng sumping Kang Ari.. Nepangkeun ogé (bari ngasongkeun bedog..eh panangan) nami Ndoell, kawitna ti Kuningan, damel mah di Jakarta di pausahaan Korea. Damelna mah sagala dicabak. Da resep geuning cubuk-cabak téh, heu heu..
Mugia sing betah di ieu babakan, diantos postinganana, tong asa-asa, jebrod-jebrod wé, hayu urang sami-sami diajar basa sunda. Asal tong pundukan, eh..pundungan pami aya nu ngalereskeun. Tos ah, -dul- nagog deui.. --- In [email protected], "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sateu acanna sim kuring nyungkeun panghapunten ti para wargi sadaya, ku > margi basa > Sunda sim kuring kacida awonna. Janten upami aya lepat-lepat kecap atanapi > pamaksadan > supados ngamaklum sareng kersa ngoreksi/ngalereskeun. > > Nepangkeun Sim kuring wasta Ari R. Fikri, linggih di Ciwidey anu kawentar > ku situ Patenggangna. Dupi yuswa nembe 27 tahun, parantos nikah, sareng ku > Gusti > nu Maha Suci di percanten amanah kagungan putera hiji nu yuswa na nembe opat > sasih. > Padamelan kuring software developer nu kantorna namina SET-INDO di Buah > Batu, Bandung. > Nampi info tina milis koran PR, yen geuning urang sunda teh aya porumna, > janten nyobian > hoyong ngiringan kana milis ieu. > Ari tujuan sim kuring ngiringan milis ieu teh, bade balaka we, ku margi basa > sunda sim kuring kacida > awonna, bari di borojolkeun sareng di ageungkeun mah di tatar sunda, > sadidinten malah nyangem > basa sunda, malah mah teu acan kantos ninggalkeun pulau Jawa, tapi upami > nyangem nganggo > undak-usuk basa mah kacida ngisinkeunna. Eleh ku para wargi anu tos > ninggalkeun tatar Sunda taun-taun > ngumbara di nagara deungeun. Ku margi kitu sugan-sugan ku jalan ngiring > milis ieu basa sunda sim kuring > tiasa improve (naonnya basa sunda na ?), sareng nambih dulur urang Sunda di > sakuliah dunya. > > Mugi-mugi wargi sadaya kersa nampi sim kuring lebet kana milis ieu. > > Wassalam, > > Ari R. Fikri > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

