Enya geuning lumayan badag waragad ngadaftarkeun AS ka Unicode teh.
 
Patali sareng patarosan Apih, ka Mh sareng Kang Dian mugi mangnoongkeun kumaha proses register Aksara Bali teh dina lebah "lembaga" anu ngadaftarkeunana? Naha aya icikibung pamarentah/pemda satempat? atawa sakuduna diluluguan ku Pemda-na masing-masing? atawa bisa ku saha wae anu ngusulkeun (maksudna, usulan ti saha wae baris ditarima ku konsorsium Unicode asal sanggup wae ngawaragadanana)?
 
Ari pamadegan si kuring saheulaanan mah asa pantes lamun lebah dieu aya pangrojong ti pihak pamarentah, kalebet dina soal waragad ieu. Duka upami pamadegan anu sanes benten mah. Urang antosan wae panoong Kang Dian atanapi Mh.
 
baktos,
manAR

 
On 1/20/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Euleuh..... geuning sanes heureuy nya eta waragad kanggo ngaregister Aksara Sunda teh, kumaha kinten-kintenna aya badan (pamarentah/swasta) anu kersa ngabiayaan eta waragad....??
Kumaha upami teu aya anu kersaeun ngabiayaan...???, aya tarekah sanes....??, sapertos rereongan wargi Kusnet...??, da upami dikoroyok ku 100 ~ 200 wargi mah
asana moal abot-abot teuing...
(piraku sugan tina 1780 wargi teu aya pisan anu kersa korban demi KASUNDAAN)
 
Pihatur
ssw
Baraya,
Wacana pikeun ngusulkeun supaya Aksara Sunda bisa diregister di Unicode, jigana perlu dipikirkeun kalawan daria. Kulantaran eta proses teh, salian ti perlu sumberdaya manusana, oge tangtu biaya. Kukituna, upama Aksara Sunda arek di-unicode-keun, jigana perlu dijieun Tim Khusus, pikeun ngokolakeunana.
Pikeun noong garapan di luhur, urang bisa noong naon nu geus dilakukeun ku Urang Bali, nu geus hasil nga-register-keun Aksara Bali.
Saheulaanan, geura mangga toong prakiraan biaya nu geus digunakeun ku maranehna:
No    Kegiatan                Amount
1    Biaya konsultasi Unicode        US$ 2,000
      (sesuai biaya yang diminta  oleh Michael Everson via e-Mail)
2    Perangkat Lunak:
    o FontLab – untuk pembuatan outline font        US$ 550
    o Adobe Acrobat – untuk pembuatan dokumen PDF        US$ 250
    o Keyman Developer Professional –  untuk pembuatan keyboard driver US$ 150
    3    Biaya lain-lain:            US$ 500
    o Komunikasi per telepon dengan
    pakar Unicode dan pakar Aksara Bali
    o Pengiriman dokumen per fax
    ke US/Irlandia/Bali/ Jakarta
    o Biaya tak terduga
4   Hosting di http://www.babadbali.com
    dan mailing list [EMAIL PROTECTED]
    Space di babadbali disumbangkan oleh Donny Harimurti.
    Mailing list sebagai media diskusi disediakan cuma-cuma oleh Yahoo.

Total                        US$ 3,450
                                                =================

 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke