salah carita teh euy.
naha kuriing teu kacaritakeun
padahal mah uing teh didinya pisan di girangeun eta wanoja nu nganggo samping
uing pura2 teuleum.
hehe... padahal ngintip eta wanoja unggal enjing...
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
naha kuriing teu kacaritakeun
padahal mah uing teh didinya pisan di girangeun eta wanoja nu nganggo samping
uing pura2 teuleum.
hehe... padahal ngintip eta wanoja unggal enjing...
syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
He he enyaan caritana merele, ngan eta geuning nu boga lalakona jang Pahmi ganti jadi jang Endi he he.Sok ah teraskeun, setingna pindahkeun ka Jatinunggal, palebah walungan cialing panggih jeung wanoja demplon keur ngusey seuseuh make samping jangkung. Dina carita eta Uda Pahmi kajamparing ati ku eta wanoja, ngan teu kebat sabab kang Dudi langsung ngomong kieu : " Cicing euy, wanoja eta mah bagean nu ngarangna !"Iraha ka marongge? mun kaditu uing ngilu ha ha....nek mulungan kolor cenah mah anu tas tiditu sok miceun kolor di walungan ci uyah.Bit ketah !----- Original Message -----From: Dudi HerliantoTo: Kusnet ; [EMAIL PROTECTED]Sent: Friday, January 20, 2006 1:26 PMSubject: [Urang Sunda] Jajaka Kapaksa: Jalma (lalaki), Kahayangna can (wae) Laksana"Ma, abdi hayang kawin." ceuk jang Pahmi.***Teu karasa umur geus ampir 36, babaturana mah geus reuay ku anak. Jang Pahmi lalaki urang tutugan bukit tinggi ukur bisa rumahuh. Lain teu hayang manehna ngucapkeun, "abdi nampi nikahna anu binti anu kalayan mas kawin taeun dibayar kontan". Tapi geuning can aya wae awewe nu daekeun dibere taeun ku manehna. Papatah mah papatah kabeh geus kalakonan. Malah nepi ka Marongge pernah ku manehna dijugjug, tapi teuing kunaon sakadang jodo teh teu daek wae ngelol. Padahal ceuk babaturanna mah, jang Endi teh rupa teu nyewa, otak teu menta. Jigana tara pisan pirajeunan diuk dina bangbarung, sugan.Kungsi bulan kamari hareupan jiga rek laksana. Panggih deui jeung popotongan baheula keus kuliah di depok. Wong ayu urang Jokja, bulan Agustus taun kamari. Ngarasa beuki cocog, nya pasini pacantel cingir seja babarengan lalayaran, ngambah sagara kahirupan. Keur persiapan kawin, manehna geus ngamprah duit, rek ngiridit imah ka salah sahiji bank pamarentah. Duit keur kariaan geus ngumpul, hasil maling-maling waktu ti kantor, neangan proyek ti pilkadal nu taun kamari mahabu di sakuliah nagara.Tapi geuning ceuk ceunah, jalma mah ukur ngusahakeun kahayang, nu nangtukeun takdir ti Gusti. Dina waktuna nepungan nu jadi kolot nyi mojang, Jang Endi neunggar cadas. Calon mitogag ningali aya bibit nu papalingpang jeung kahayang maranehna. Seler! enya sakadang camit nolak gara-gara jang Endi urang Padang. Beu! bayangan endah ngadadak buyar, sakadang taeun ngeluk deui, teu wasa meruhkeun nasib.***bari era-era ge (geus desperate ceuk si johni mah) manehna ayeuna ngumaha ka emana sina dipangneangankeun... Siti Nurbaya!!
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

