Hatur nuhun laporanna, panginten nu lengkep mah ti alo Runa, nu rajin nyatet. Punten abdi mah kalah maca buku Mang Ayat, rame (sanes novel ieu mah).
Sae pisan acara teh, ti SIMPAY seueur nu bade gabung ka milis. Mang Ayat nu nuju dirawat di RS, saur Kang Mumu ngaamanatkeun supados perhatosan kana budaya utamana aksara Sunda kedah ditingkatkeun. Ahli aksara Sunda beuki sakedik. Janten ngagarap naskah kuno Sunda sareng ngadaftarkeun aksara Sunda ka Unicode kedah dirojong leres-leres.
Mang Ayat mugi enggal damang sareng sumangetna kana ngamumule budaya sareng aksara Sunda tiasa nyebar ka urang sadayana.

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi saalam dunya,

Danget ieu sim kuring nuju chat conference sareng dulur-dulur KUSnet anu
nuju ngaluuhan acara riungan antawis SIMPAY UI sareng KUSnet. Sok sanaos
sanes video conference, namung ukur diiberkeun sapertos "siaran pandangan
mata" tanding maen bal, lalampahan ieu acara teh lumayan tiasa kaparios ku
anu online, utamina anu chatting ngnggo YM.

Sakumaha laporan Kang Runa, acara teh kalintang euyeub. Kang Kumi anu
ngadadarkeun unak-anik guaran kabudayaan Sunda di internet minangka wawakil
ti KUSnet. Dina pedaran anjeunna oge didugikeun milist-milist sareng web-web
kasundaan, KUSnet, YP, sareng kgiatan-kagiatananan, oge cara-cara lebet ka
milist.

Teu kakantun, ti pihak Simpay aya guaran anu kalintang munelna: perkawa
naskah-naskah kuno Sunda, didugikeun ku Kang Mumu (hatur salam, Kang). Malah
saur laporan Kang Runa, Kang Mumu nawisan gawe bareng ka KUSnet pikeun
ngadigitalisasikeun naskah-naskah kuno. Hiji tawisan anu kalintang narikna
sareng meryogikeun gawe anu daria.

Anu sarumping kalintang rempegna, atuh susuguhna oge euyeub ("neng" Brownies
tea, saurna). Saha wae anu sarumping sareng kumaha jalana ieu acara, mangga
urang antosan wae dongengna.

Wilujeng ka sadayana. Teu kakantun ka Kang Rachmat salaku wawakil juru
candoli, ngahaturkeun nuhun pisan parantos lumangsung ieu acara, kalayan si
kuring sok sanaos ti katebihan, tiasa ngiring ngareuah-reuah. Pon kitu deui
ka Kang Kumi anu bari nuju rada tagiwur - emut wae ka Nyi Iteung saurna :)
anu parantos ngadugikeun hidangan kasundaan di alam maya oge juru goah anu
paratos nyaogikeun susuguh anu sakitu munelna, sareng kum ka sadayana wae,
hatur nuhun sareng wilujeng. Pamugi ka payung aya lajuninglakuna sareng
nganteng teras simpay katresna antawis Simpay sareng KUSnet, khususna,
sadaya urang Sunda umumna.

baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



Yahoo! Photos
Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke