Hatur nuhun kang Oman infona, mung hanjakal nembe terang tos atosan acarana. Wilujeng wae atuh kanggo palawargi anu ngaluuhan eta acara, mugia aya hasil. Diantos laporannana.
ipeut
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi saalam dunya,Danget ieu sim kuring nuju chat conference sareng dulur-dulur KUSnet anu nuju ngaluuhan acara riungan antawis SIMPAY UI sareng KUSnet. Sok sanaos sanes video conference, namung ukur diiberkeun sapertos "siaran pandangan mata" tanding maen bal, lalampahan ieu acara teh lumayan tiasa kaparios ku anu online, utamina anu chatting ngnggo YM.Sakumaha laporan Kang Runa, acara teh kalintang euyeub. Kang Kumi anu ngadadarkeun unak-anik guaran kabudayaan Sunda di internet minangka wawakil ti KUSnet. Dina pedaran anjeunna oge didugikeun milist-milist sareng web-web kasundaan, KUSnet, YP, sareng kgiatan-kagiatananan, oge cara-cara lebet ka milist.Teu kakantun, ti pihak Simpay aya guaran anu kalintang munelna: perkawa naskah-naskah kuno Sunda, didugikeun ku Kang Mumu (hatur salam, Kang). Malah saur laporan Kang Runa, Kang Mumu nawisan gawe bareng ka KUSnet pikeun ngadigitalisasikeun naskah-naskah kuno. Hiji tawisan anu kalintang narikna sareng meryogikeun gawe anu daria.Anu sarumping kalintang rempegna, atuh susuguhna oge euyeub ("neng" Brownies tea, saurna). Saha wae anu sarumping sareng kumaha jalana ieu acara, mangga urang antosan wae dongengna.Wilujeng ka sadayana. Teu kakantun ka Kang Rachmat salaku wawakil juru candoli, ngahaturkeun nuhun pisan parantos lumangsung ieu acara, kalayan si kuring sok sanaos ti katebihan, tiasa ngiring ngareuah-reuah. Pon kitu deui ka Kang Kumi anu bari nuju rada tagiwur - emut wae ka Nyi Iteung saurna :) anu parantos ngadugikeun hidangan kasundaan di alam maya oge juru goah anu paratos nyaogikeun susuguh anu sakitu munelna, sareng kum ka sadayana wae, hatur nuhun sareng wilujeng. Pamugi ka payung aya lajuninglakuna sareng nganteng teras simpay katresna antawis Simpay sareng KUSnet, khususna, sadaya urang Sunda umumna.baktos,manAR
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

