Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.. Baraya Kusnet sadaya, Acara Riungan SIMPAY-KUSNet anu diayakeun dina dinten saptu, ping 21 januari 2006 di Laboratorium Komputer - Perpustakaan Pusat - Kampus UI Depok, Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.
Ti Kusnet, anu sumping dina ieu acara : - Kang Rachmat - Kang Kang Iskandar "Kumincir" - Kang Kang Runa Inawan - Kang Ikmal - Kang Irpan - Kang Hendra - Kang Dudi - Kang Hasan Supriadi - Teh Imas - Teh Ani - Teh Mia - Teh Ika Mardiah + réréncanganana duaan - sareng abdi, Kang Ndoell Ti SIMPAY, Kang Mumu saparakanca, langkung ti 15 urangna para Dosen FIB oge mahasiswa. malihan aya oge urang Jepun nu nuju diajar sastra Indonesia ngiring ieu riungan. Ieu acara lumangsung dina suasana nu serieus tapi nyantei, mayunan komputer hiji séwang nu on-line bari angger urang Kusnet mah resep celetak-celutuk, ramo meni tegep ngetik dina chat conference, siaran langsung "pandangan mata" tea. Acara lumangsung ngawitan tabuh 10.00 enjing, diseling ku "ngaleueut", réngsé tabuh 13.00 siang. Kagiatan / Acara : -------------------------------------------------- - Silaturahmi, wawanohan; - Medarkeun sarupaning Susundaan di Internet, milist-milist sareng web-web kasundaan, KUSnet, YP, sareng kagiatan2nana, oge cara-cara lebet ka milist. - Medarkeun perkawis naskah/seratan "sunda buhun" oge tawisan gawé bareng digitalisasi naskah-naskah sunda kuno. Mudah-mudahan ieu riungan aya lajuninglakuna, ogé tangtos aya mangpaatna kanggo sunda sareng sarupaning kasundaan. Hatur nuhun ka anu parantos sumping, Kang Rachmat salaku Sohibul Bait, Téh Ika nu nyejakeun ti Bandung (bari ngajingjing Brownis Kukus téa), oge ka réngréngan SIMPAY anu sakitu euyeubna. Manawi sakitu pedarana kagiatan riungan téh, mangga nu sanesna tiasa nambihan. Hatur nuhun kana sagala perhatosanana. Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh. Ndoell (Tukang wawar) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

