ceuk kuring mah kabeh oge taya nusalah
kabeh bener nusalah mah Import Beas
di garut oge loba keneh kalah import ka batur
gelo si SBY mah


On 1/23/06, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Anu salah urang sakabehna, "pejabat" nu narima setoran
ti PKL jelas salah da kuduna mah teu meunang narima
sogokan, PKL nu setor/nyogok oge salah da kuduna mah
teu meunang nyogok jeung teu meunang dagang di tempat
lain pikeun dagang, urang nu sok balanja di PKL nu
dagang di tempat nu dilarang ku pamarentah oge salah,
da kuduna mah balanja di pasar anu "legal". Jadi omat,
ulah saukur nyalahkeun pejabat anu salah atawa PKL,
tapi tanya ka diri urang sorangan sok balanja di dinya
atawa henteu.
Mangga renungkeun.
Wass.
Jaka


--- Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Rek di ajar ngacapruk ahh :
>
> Bieu kuring maca berita di liputan6.com, mun di
> pikir pikir aya benerna
> oge eta berita teeh. Meureun ceuk kasimpulan namah,
> "Pajabat" di urang
> tehh tukang "Ngadu Domba" nya??? Ah da kuring mah
> lain domba ketang..
>
> Upami ningali kahirupan dulur urang di Jalan, ayeuna
> keur rame-rame na
> ngaberesan anu dagang di pinggir jalan (PKL), dimana
> mana.teu di Jakarta
> wae..di luar Jakarta oge kitu. Padahal mah manehna
> dagang tehh pake duit
> sorangan jeung keur ngahirupkeun kulawargana anu
> bisa disebut golongan
> tengah ka handap. Atuuh unggal poe, unggal di
> bersihan riibut, silih
> tonjok silih baledog. Ceuk nu ieu kuring bener, ceuk
> nu itu ngan ukur
> parentah.
> Padahal mah nu garelut eta teeh sarua jalma leutik.
> Enya PKL jeung
> petugas anu ngabersihkeun, da ari nu jaregud namah
> biheung teuing
> ngiluan turun ka jalan. Angger wae marake dasi, udud
> surutu.
> PKL oge teu salah-salah teuing da maranehna unggal
> poe setor ka eta
> oknum petugas tea (nu isukna mentaan jatah, sorena
> ngiluan
> ngabereskeun). Atuh bisa juta-juta, mun di taun keun
> mah meureun kana
> ratusan jutana tina hiji lokasi teeh. Teuing kamana
> tah jatah eta LOS
> na. Da ceuk Pajabat mah HARAM ceunah aya
> jatah-jatahan / pungli teeh.
> Duka mana nu bener, nu puguh mah "Ngadu Domba".tapi
> da kuring mah lain
> domba ketang.
>
> Atuh lamun unggal poe di gusuran, di usiran, unggal
> poe teeh beuki loba
> wae anu nganggur tehh, katambah deui aya hate kadua
> leutik, bapa jeung
> ema urang anu di luhur rek naekeun deui harga
> TDL.(teuing naon harti TDL
> tehh dadidieu mah euweuh kecap TDL, jeung teu hayang
> nyaho weee).
> Sabaraha rebu dulur urang anu bakal jadi PAJABAT
> (PAngangguran JAwa
> BAraT.hehehehe).
>
> Nya kitu deui di barisan aparat urang (teuing aparat
> nu mana lah..pokona
> mah loba). Kuring boga dulur anu jadi pajabat
> aparat, malahan mah bapa
> sorangan oge sarua (maksud teeh sarua ngajabat
> aparat). Keun wae da lain
> rek ngaggorengkeun dulur atawa bapa sorangan. Ieu
> mah ngan saukur
> ngacapruk. Keur euweuh gawe.
> Teu salah..ceuk aranjeuna oge, tiap bulan teeh kudu
> aya setoran ka
> pajabat anu du luhur malahan mah di patok kunu di
> laluhur teeh. Anu
> daerah na "baseuh" (lain baseuh ku cai) sakitu, anu
> daerahna "garing"
> sakieu. Kusabab kitu, anu di jalan buntang banting
> da kudu nutupan eta
> jatah tea. Anu bener di salahkeun anu salah di
> benerkeun (kitu meureun
> ceuk kasar namah) . Atuh anu di sumpah sarapah mah
> lain anu di luhur,
> tapi anu di jaralan ku jalma leutik saperti kuring.
> Da ceuk tetempoan
> kuring mah maranehna anu mentaan teeh da ari nu di
> luhur mah angger wae
> marake dasi. Lain kitu ngarana teeh "Ngadu Domba" ?
> ah da kuring mah
> lain domba ketang..
>
> Tah cikan kumaha baraya, percanten baraya mah
> palalinter batan
> kuring.kumaha ngurus / ngabubarkeun anu ngadon
> "Ngaradu domba",??? da
> kuring mah lain domba.
> Dari pada ngurus RUU keur Inul..hehehehe
>
> Tos aah capek..punten yeuh bilih rada nyelekit kana
> hate.da ieu mah
> ngacapruk, keur euweuh gawe.
> Kabuuurrrrr sieun di tewak...
>
> Baktos,
> Yosep
> "lain domba"
>
>
>
>
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/







--
---- Koperasi Amanah Sunda -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit), oge nampi pesenan, Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui,
Order call --> 08128377662
=================================
Council King Empire of Pasundan
- King of Priangan
- King of Cirebon
- King of Banten
- King of Bogor raya
----------------------------------------
PT. Smarthub Technologies
-solusi sistem informasi yang tepat dan akurat-

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke