|
Damang Kang Ikmals..?
Naha ayeuna namina ditambihan huruf 's' ... hoyong tenar siga iwan fal's' kitu..atanapi tos jamak geus henteu sorangan deui..ayeuna teh usum tiris...hehe...
baktos
JB
-------Original Message-------
Date: 01/24/06 08:47:58
Subject: Re: [Urang Sunda] nepangkeun => Wilujeng Icikibung di Kusnet....
Wilujeng icikibung kanggo baraya enggal....
kang Ferkin (dilafalkeun na ku urnag sunda mah tetep we perkin nya kang?) kang apidudin sareng rengrengan nu sanesna ti UI, oge kang ema sujalma, teras kang trias santosa, teh ema, di kum keun wae kasadayana ka baraya enggal, wilujeng bumen-bumen di Bakus (Babakan Komunitas Urang Sunda)....aeh hilap nepangkeun oge wasta abdi Ikmal, kawit ti sukabumi, ayeuna di damel di leresan Pondok Indah di pausahaan jepun.
hatur nuhun,
baktos,
ikmal
|