Haturan baraya US...,
leres sakumaha anu disaurkeun ku pa Setia Hidayat alias Aki Beunteur tea, lamun gamelan ditabeuhna sewang-sewangan teu ngawirahma bakal mantak rawing dauen ceuli. sim kuring baheula basa diajar nabeuh gamelan (degung) pernah dicarekan ku tukang kendang, sabab lamun keur ngagoongan sok salah bae (kakara diajar tea) tapi kayeunakeun mah ceuli teh sok reflek lamun ngadengekeun lagu heug aya nu salah dina gamelanana atawa kurang merenah sok karasa, padahal teu rumasa pinter kana seni jajauheun kana ahli mah ieu ku perasaan bae....heheh.
Kitu oge lamun hal pagawean lamun ngagarap hiji pagawean urang kudu gawe babarengan sangkan lamun aya kererepet bisa silih tulungan. Ulah paaing-aing silih dedetkeun anu ngabalukarkeun hiji pagawean teu puguh hasilna.
Puguh bae lamun keur macet di jalan heug nyetel lagu sunda (kacapian atawa nu sejena), da eta mah karasana teh asa plong hate teh....(kabrang-brangkeun....)

Cag...ah, nuhun.

"kkbm'69"
(urut tukang goong bin tukang teuing....)



mrachmatrawyani

--- ika mardiah < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Digedekeun di Tatar Sunda, teu ngajadikeun urang
> wanoh kana kesenian Sunda, utamana kana musikna.
> Keur ngawanohkeun seni budaya Sunda, Sekda Jawa
> Barat, Pak Setia Hidayat, dina selingan acara rapat
> sok ngahaja nyandak kelompok seni Sangkakala
> Pajajaran. Bari masihan nasehat supaya gawe kompak
> babarengan anjeuna masihan conto, saurna " Lamun
> urang teu kompak gawe, dangukeun contona jiga rebab
> jeung kacapi dimaenkeun sakainget sewang-sewangan,
> pan teu ngeunah kadangu na oge. Sok geura" Anjeuna
> miwarang ka tukang rebab jeung kacapi.  "Nya teu
> ngeunah pan kadanguna oge". Abdi jeung babaturan
> silih pelong, "teuing ceuk abdi mah asa ngeunaheun
> we, da biasa ngadangu Gun 'n Roses".
> Heuheu....ceuli-rasa-selera gening kumaha kabiasaan.
> Matak ayeuna mah mimiti ngadangukeun gamelan Sunda,
> pokona mah dangukeun. Asalna mah mun keur nyetir sok
> jadi nundutan, lami-lami mah biasa. Enya gening
> raoseun. Keur macet oge asa ni'mat.
>
>   Baktos,
>   ika


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke