kantos kenging dongeng ti kang Ajip Rosidi perkawis eta.

kang AR kantos debat sareng Suwandi, asana harita janten ketua pusat
bahasa kitu duka naon, enya, nu ngalahirkeun ejaan suwandi tea.  kang
Ajip ngusulkeun sangkan e dibedakeun, nu make halis, siga pikeun
cengek, jeung nu teu make halis siga belegug atawa beureum.

harita Suwandi cenah ngawaler make alasan teknis. dina mesin ketik teu
aya e halisan. haha.  AR mere conto basa perancis malah basa di asia
oge, duka vietnam duka mana, sanggeus dijieun kaputusan ngeunaan
hurup, pausahaan mesin tik nyieun hurup eta dina mesin2na.

kang Ajip teras nyarios, nya kuring eleh debat da Suwandi pajabat
cenah. antukna siga ayeuna. nu maca berita dina TV, nyebut Serang
Banten, siga serang dina perang. cilaka.

enya, di eropa mah, bahasa perancis boga aksara husus, komo beh kaler
mah, loba nu aneh, aya B gede, umlaud naon ngarana, aya o coret, o
make titik dua, o make titik hiji, aya a jeung e digabung siga dina
pausahaan kontainer, MAERSK. aslina mah a jeung e teh
dihijikeun-dempet.

ayeuna agama E aya dua sekte, MANGLE mah teu make halis pikeun cengek,
e pikeun sagala e. ari CUPUMANIK mah make e nu aya halisan pikeun
cengek, da pimredna kang Ajip. kitu deui buku2 terbitan Kiblat buku
utama, utamana nu basa sunda, e cengek ngangge halis. ari dina bahasa
indonesia mah asana henteu.

.




On 1/24/06, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     EJAAN BASA SUNDA
>
>   Ari hurup téh ngalambangkeun sora. Hiji sora dilambangkeun ku hiji atanapi
> dua hurup, upamana baé:
>   Sora a dina kecap abdi dilambangkeun ku hurup a
>     Sora b dina kecap bumi dilambangkeun ku hurup b
>
>     Sora eu dina kecap beureum dilambangkeun ku hurup eu
>
>   Pertarosan:
>   Ari hiji hurup nglambangkeun hiji sora?
>   Ceuk sim kuring mah, alusna kitu. Ngarah konsekwen, gampang keur nu
> diajar, jeung keur nyegah kasalahan.
>
>   Contona:
>   Situmorang urang batak, kaanjangan ku si Junéd urang Pakusarakan. Ari si
> Junéd ngadon jongjon maca majalah, atuh Situmorang rék ngobrol téh karagok.
> Ceuk Situmorang: "Coba itu majalahnya diletakan". Dasar Junéd...si majalah
> téh lain diteundeun dina méja... kalahka dilamotan......... tepi ka
> ngacay... biwirna jebéw.
>
>   Dina taun 1972 dikaluarkeun EYD (Éjaan Yang Disempurnakan), nya
> diterapkeun oge keur basa sunda.
>
>   Ieu ngeunaan hurup e:
>   bédakeun e dina kecap déwék jeung dina kecap belegug
>   numutkeun EYD nulisna kieu: dewek belegug
>   sawatara jalma, nulisna kieu: déwék belegug (Lain EYD)
>   ku EJAAN LAMA: dewek bêlêgug (punten curekna tibalik da mung ata nu aya
> dina keyboard).
>
>   Pertarosan kanggé nu uninga sejarahna EYD.
>   Naon sababnya, éjaan lama téh geus alus, geus ngabedakeun hurup keur sora
> e jeung é. Ari ku nu nyiptakeun EYD kalahka jadi goreng, boh sora e boh sora
> é sarua wae nulisna, nyaéta ku hurup e. ?????
>
>   Mun sim kuring jadi mentri pendidikan, rek dikaluarkeun SK Ejaan Yang
> Lebih Disempurnakan Lagi (EYLDL) ...... naon.... ngarang.......! husus
> ngeunaan sora e jeung é (hurup e jeung é)
>
>   Pamungkas:
>   Naon bedana kecap jeung kecap?
>   Ari kecap mah ceuk basa Indonesia na mah "kata"
>   Ari kecap mah dahareun nu hieung tea, dijieuna tina kacang kedele
>   Lieurrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrrr...................... sim kuring geus teu
> konsekwen deui, teu make hurup é deui.
>
>   Karunya ka jalma deungeun nu diajar basa sunda (Nya kitu deui Bahasa
> Indonesia)........ heseeun.
>
>   Kang Santosa.
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new
> and used cars.
>


--
geocities.com/mangjamal


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke