Kang Ari, dupi Akang linggih di mana?
Upami teu di Indonesia mah atuh hayu urang ngobrol2. Ai tiasa mah henteu, mung sakedik ngartos basa Jerman. Atanapi hoyong ku baraya anu di Jerman?
Kantenan sim kuring gaduh rerencangan di ditu. Urang Sunda deui, urang Ujung Berung. Anjeuna tos aya kana dua taun di ditu. Manawi hoyong terang, mangga ke ku sim kuring dipasihan imelna. Sugan atuh tiasa dikenalkeun sareng rerencangan anjeunna nu aya di ditu, kitu. Manawi aya nu hoyong diajar basa Sunda oge ku kang Ari. Leres?
Mangga ah...
Assalamu'alaykum wr.wb
Kang Ari teh aya di Bandung atanapi di Jerman ieu teh? Ku abdi ditaroskeun heula ka rerencangan di Jurusan manawi aya nu kersa janten sahabat pena.
Wassalam wr.wb
henny
--- "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Sateu acanna sim kuring ngahaturkeun nuhun kana
> pamapag (--sambutan ? %-( --) ti para wargi sadaya
> kana
> panepang sim kuring.
> Nembe sababaraha dinten ngiringan geuning mani
> murudul posting na,
> bari ku abdi teh di set kana daily digest, ieu teh
> tangtos nandakeun yen
> milis ieu kacida aktifna.
> Sim kuring teh di damel di perusahaan nu gaduhna
> urang Jerman, mung
> ari garwana ( atanapi istrina ?) mah urang sunda.
> Janten upami komunikasi
> teh sok via istrina bae.
> Hoyong pisan sim kuring teh tiasa basa Jerman,
> milarian batur urang Jerman
> kanggo
> diajar anu ngartos kana bahasa inggris oge mani ka
> sesah. (Kantos milari
> dina Friendster)
> Komo deui nu tiasa basaSunda mah. Ku kitu na kumargi
> sim kuring terang yen
> aya wargi urang nu linggih
> di Jerman, mugi kersa nunjukeun kinten-kinten dimana
> sim kuring tiasa
> milarian
> jalmi nu kersaeun janten sahabat pena ( naon nya
> basa sundana ?) anu lancar
> bahasa Jermanna, sareng upami teu tiasaeun basa
> Indonesia atanapi Sunda mah
> basa Inggris sim kuring teu patos ngisinkeun teuing.
> (Janten upami
> pamaksadan anu
> sesah di kedalkeun dina basa Jerman, tiasa di
> kedalkeun ku basa Inggris).
>
> Hatur nuhun nu kasuhun sateu acanna.
>
> Wasalam,
>
> Pun Ari thea.
>
>
>
>
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.
What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Kirim email ke

