DVD Bajakan
Rada era oge maca Bisnis Indonesia poe ieu, Rebo, 18 Januari 2006, kaca T3. Disebutkeun, pamarentah leungiteun pajak nepi ka Rp 10 triliun ku alatan ayana DVD bajakan. Komo, kamari kuring narima undangan ngeunaan seminar pajak. Dina
panganteurna disebutkeun, pamarentah ngandelkeun panghasilannana tina pajak nepi ka 60%. Teu aneh, mun jalma siga kuring nepi ka "diaku", "dijelemakeun": Dibere NPWP jeung dititah...ngilu seminar!
Rada era teh lain ku nanaon. Pedah bae kuring rumasa salah sahiji jelema nu resep, jeung diuntungkeun, ku barang bajakan. Da, murah tea. Coba bae, di hareupeun stadion Menteng, Jakarta, nu ngaranna DVD teh ngan Rp 5 rebu sasiki! Nu aslina, nu orisinil, bisa nepi ka Rp 250 rebu. Malah sakapeung aya nu nepi ka Rp 300 rebu. Ari ieu? Ngan 5% tina harga "resmi"! Rek teu murah kumaha?
Kituna teh, siga nu sok dibeulian ku kuring ka ayeunakeun, loba nu mangrupa much in one. Nu hiji CD eusina bisa nepi ka 10 film! Hartina, ngan 0,5% safilm -- tina harga CD asli. Matak, sanajan teu matuh, sakali meuli film teh kuring sok rada "kokomoan". Nepi ka 10 CD, nu lolobana samodel much in one eta. Pokona mah asa ceuyah-lah.
Sakalina euweuh gawe atawa hulu geus pegel, sok ngagoler di
hareupeun TV. Lalajo film. Kalan-kalan mah film teuing ka mana, kuring geus ngaguher. Hudang-hudang kageuingkeun ku adan subuh, bari parabotan can diparareuman. Atuh, subuh-subuh keneh pamajikan geus kukulutus. Pajarkeun teh kuring teu nyaah kana barang. Ngadenge kitu, kuring mah sok api-api teu ngadenge. Gura-giru bae ngamparkeun sajadah. Salat subuh. Ku cara kieu dua hal bisa kalakonan: Nohonan piwarang Anjeunna jeung ngeureunkeun nu kukulutus. (Duh, Gusti punten pisan, salat teh karah ka dipake nyumput).
Film-film nu baheula, keur SMA atawa mahasiswa, ngan saukur ngadenge, atawa lalajona kudu ngadangkal ka Decenta, malah kudu ka Jakarta pisan, ka TIM atawa ka imahna
Sardono, atawa nungguan acara di Liga Film Mahasiswa ITB atawa di CCF; ayeuna pabalatak meh di tiap emper toko. Ti mimiti film "klasik" kawas Ben Hur, The Sounds of Music, The Godfather, Legends of The Fall, nepi ka film-film Kurosawa atawa sarupaning "film-film Festival". Kabeh aya. Nu euweuh teh ngan film-film Zhang Yimao bae. Kitu ge tayohna, ketang. Jeung nu mangrupa DVD. Da ari nu mangrupa VCD mah kuring kungsi meunang sawatara di antarana -- asana mah kari Red Shorgum bae nu can boga teh. Ongkoh, sanajan hayang, kuring tara maksakeun teuing kukurusukan ka Kota.
Lian ti pabalatak, nu matak helok kuring, film-film nu dibajak teh
lain bae film-film nu geus heubeul. Oge nu alanyar pisan. Malah, tong boroning nu can diputer di bioskop, nu can dipreviewkeun ku nu ngedarkeunnana ge, eta film teh geus nyampak di tukang-tukang DVD bajakan tadi. Contona, The Memoirs of A Geisha. Asa karak kamari eta film diwartakeun di media. Tapi, kuring geus meuli eta film dua atawa sabulan ka tukang. Tangtu bae dina wangun DVD bajakan.
Pon kitu deui film-film lianna. Di koran atawa televisi can disebut-sebut, kaasup di Amerikana pisan, di urang geus nyampak bajakannana. Matak, basa keur gawe di majalah keneh, kuring sok mesem bae mun aya budak nu mulang ti acara preview ngadon
alewoh ngeunaan film nu dilalajoannana. Lain nanaon. Kuring geus lalajo eta film, tina VCD bajakannana, dua bulan atawa tilu bulan ka tukang. Ku alatan kitu, kuring tara diondang deui ka acara-acara preview kitu teh. Da, sakalina diondang, kuringna tara datang. Keur naon? Geus lalajo ti iraha mula... Jeung geuleuh bae, waktuna teh sok isuk-isuk. Ngangganggu waktu sare kuring!
Matak, minggu kamari mah rada keuheul. Datang ka Menteng rek balanja, singhoreng nu daragang DVD teh suwung. Euweuh hiji-hiji acan. Sugan teh pedah kamarina geus Lebaran Rayagung, nu daragang teh palere. Basa lebaran kamari, oge keur poean Natal, katingalna nu daragang teh teu palere. Padahal, maranehna teh
urang Batak, nu pipanteseunnana urang nasrani. Ayeuna meureun perena teh, ceuk pikir. ยจ
Tapi, basa pangangguran ditanyakeun ka tukang parkir, singhoreng kamarina geus aya operasi. "Dua orang dibawa ke Polsek, Pak," ceuk manehna. Nyel keuheul. Hanas ngadangkal indit ti imah, budak hayang ngilu ge dicaram. Da, hayang jongjon. Ari ieu? Mangkaning geus "lila" teu meuli film. Panganyarna teh, nya mangsa Natal bae balanja teh. "Tapi, agak malem juga buka, Pak. Jam 9-an," ceuk si tukang parkir. Ah, sarangeuk ari kudu balik deui mah. Belenyeng ka Jalan Sabang. Ditingali teh DVD-DVDna nu sarupaning single, nu eusina ngan sa-film. Kurang meriah.
Sajajalan ka imahkeun kuring kukulutus sorangan. Na, korupsi teh ceuyah-ceuyah teuing?
Enya korupsi. Ceuk kuring mah, nya ku alatan pagebug korupsi nu matak kuring ngarasa keuheul kawas kieu teh.
Ku alatan ayana korupsi eta, pausahaan-pausahaan nu ngedarkeun DVD resmi di urang jadi teu efisien. Lian, oge nya ku sarakah bae. Hayang meunang untung loba jeung gancang. Tuntungna, DVD-DVD resmi jadi "mahal". Ahirna, sawatara nu dagang oge milu korupsi. Nyarieunan DVD bajakan, nu teu kudu mayar pajak atawa royalti ka nu nyieun eta film. Antukna hargana murah. Ngan opat atawa lima kali lipet tina ongkos produksi.
Alatan ku korupsi nu sarua, daya meuli masarakat urang jadi handap. Nya, enya, mun korupsi bisa diteken, pungli-pungli bisa dihapus,
pausahaan bisa neken ongkos produksina. Bisa leuwih efisien. Di mana enya mahal ge, moal karasa. Da, daya meulina alus. Harga Rp 250 rebu teh nya karasa murah bae. Tah, daya beli alus ku alatan balarea bisa leuwih produktif.
Wangwangan kuring, ku alatan euweuh korupsi tea, kontraktor nu migawe jalan atawa sakola, oge konsultan-konsultanna, bisa nyieun sakola atawa jalan teh bener-bener "murah" bari alus. Teu jiga kiwari: Karek ge saminggu, ceuk paribasana, geus runtuh deui. Atawa geus bolong deui. Atuh, kapaksa nagara teh ngaluarkeun deui duit keur ngomean eta jalan atawa sakola. Coba mun duitna teu dikorupsi, naha ku cara meleg-meleg atawa korupsi nu "prosedural", nu katingal ilahar, luyu jeung prosedur, tapi ti keur dirarancang keneh sabenerna geus "diembohan", geus teu efisien. Tah duit ladang efisiensi eta, nu teu dikorupsi tadi, bisa dipake keur ngawangun fasilitas lianna, nu bisa ngaraharjakeun balarea. Naha mangrupa sakola anyar, pabrik anyar, atawa hal lianna.
Eta bae, trotoar di hareupeun imah teh asa karak taun tukang dibenerkeun. Ari kamari geus dibenerkeun deui. Malah desain jeung bahanna diobah pisan. Nu tadina make paving block, diganti ku pelur, "K2", diguratan ku batu laleutik. Ku naon, teu sakalian nyieun trotoar teh nu alus, nu bener, nu teu kudu diome-ome nepi ka saratus taun mah? Bisa
jadi hargana leuwih mahal, tapi, ku cara kitu, anggaran nu aya teh bisa dipake keur nu lian. Naha nyieun trotoar di tempat lian, atawa nyieun solokan pisan.
Tapi teuinglah. Eta mah Pa Erry bae jeung Kang Tirta nu mikiran. Kuring mah rek ngacapruk deui bae ngeunaan DVD bajakan, jeung karugian nagara nu diwawaas nepi ka 10 triliun tea. Enya diwawaas. Sabab, lain bae jumlah DVD bajakan nu teu jelas datana. Tapi, karugian nu cenah jumlahna nepi ka Rp 10 triliun tadi. Soal jumlah ieu diwawaas, dipapantes, atawa diasumsikeun mun jalma loba meuli DVD orisinal tadi. Tapi, alatan daya beulina handap, saha nu daek meuli film nu hargana Rp 200 rebu? Mending meuli togel! Saha nu nyaho
meunang nu opat angka!
Hartina, sanajan DVD bajakan bisa ditumpes, can tangtu nagara meunang tambahan Rp 10 triliun. Da, can tangtu aya nu meuli DVD resmi nu mahal tea. Pan, pagebug korupsi masih mahabu? Ceuk Bang Mawi almarhum mah: "Ampun, dah!".
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

