Duka aya hubunganana atanapi heunteu sareng harga beas
anu awis. Tapi anu jelas mah di walanda beas (pandan
wangi) janten alternatif katuangan pokok para "bule".
Beja saur batur kuring ti nagri keju.(ieu wartos teh
ngomentaran barita di Kompas Cyber Media/KCM dinten
kamari perkaara Kabutuhan hidu sareng gaya hidup"

Babandingan kauntunganana teh kieu. pangaos kentang
sakilo 1,5 euro. Kentang sakilo teh tiasa seep dituang
ku duaan, sakali tuang. Sateuacan dituang teh kedah
dipiceun heula kulitna. Upami meser kentang
seueur-seueur, teras upami disimpen dugi ka dua minggu
tos sirungan.

ari beas pangaosna sakilo teh mung  1 euro. Beas
saliter teh tiasa dituang kanggo 5 jalmieun. Cara
masakna oge praktis ngangge rice cooker, teras tiasa
disimpen lami (heunteu sirungan siga kentang).

Tah ayeuna mah rame-rame urang mantuan patani, supados
beasna tiasa di ekspor ka walanda. (1 euro = Rp
15.000?)

baktos,

mrachmatrawyani



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke