Ih...eta mah pamimpin nu teu nyakola bisa make narkoba sagala...saha sih nu milih na ??? jadi keuheul ngadangu na oge, lain jadi panutan kalah ka pikasebeleun....
 
Eh urang Banten (khusus na ka DPRD na), pami bade milarian pamimpin kedah apik atuh...!! tong dugi ka siga kieu ....ih ngerakuen pisan. leres tue baraya...?


Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ceuk kuring mah sanes di daerah banten wae…..dimana2 ge sarua kitu….can aya anu “Bener pisan” jadi pamingpin teeh…..meureun pedah can kabongkar waeee. lain kuring geus teu percaya ka pamarentahan nu ayadi urang.
Tapi emang kitu buktosna…..sok waee tingalian ku nyalira…..hehehehe
 
 
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Ragil_M
Sent: Wednesday, January 25, 2006 11:35 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] WABUP LEBAK NARKOBA...teladan
 
Sigana Kang Yani teu rido kitu ningali Banten jadi propinsi cerai jeung Prop. Jabar hehee.
Biasa lah kang ku aji mungpung tea...mungpung aing jadi pajabat kumaha karep aing we..
Dina sistem pamarentahan nu anyar jadi dimana sistemna masih jauh kana sampurna masih perlu loba balajar dina sistem pamarentahan nu "good goverment" jeung "clean goverment" tea. Tapi disakuliling dunia ieu moal aya pamarentahan nu bener-bener sarebu persen "good goverment" jeung "clean goverment" sabab manusia mah loba kahayang.
Lebah dieu ulah salahkeun kusabab aya otda tea jadi para koruptor pindah ka daerah2. Aya otda teu aya otda oge mun mental pajabatna  "loba kayang" mah tetep we korupsimah jalan.
Salami banten masih ngahiji jeung jabar pangwangunan di banten masih "kurang dirasakan" ku masy.banten. Ayana pembagian hasil alam jeung pendapatan daerah nu berlimpah di banten teu saimbang.
 
Nyuhun pidu'ana ayeuna banten keur bebenah keneh, taun 2057 banten bakal jadi kembaranna Brunei darussalam..sugan.
 
baktos,
JB
 
 
-------Original Message-------
 
Date: 01/24/06 10:44:13
Subject: [Urang Sunda] WABUP LEBAK NARKOBA...teladan
 
Banten teh sigana ku ayana otonomi daerah jadi sumber
masalah,kumargi masalah SDM na anu teu siap mayunan
kamajuan jaman. (Ieu mah ceuk pipkiran kuring), waktos
baheula teu acan janten otonomi, wewengkon ieu teh
kawilang anu paling kakantun dibandingkeun sareng
kabupaten sanes di Jawa Barat, tina aspek sarana
prasarana fisik, sareng anu lianna. Kamashuran
kesultanan Banten heubeul ngan jadi impian para
kokolot. Pas aya lolongkrang ku ayana otonomi daerah,
kasemptan ieu jigana dijadikeun alesan pikeun
misahkeun maneh ti propinsi Jawa barat. Sok sanajan
aya tokoh-tokoh ti Banten anu tos "manggung" di
tingkat nasional, tapi sigana teu merata SDM unggul
nyaliara ka masyarakat Banten. Atuh puguh wae, sabada
disyahkeun jadi hiji propinsi Banten, seueur pamingpin
"karbitan" anu nyepeng kalungguhan kakawasaan.
Gupernurna "bermasalah", nya kitu oge wakil
gupernurna. Sanes bohong, lamun di salah sahiji
kabupaten di Banten aya bupati "preman". Batur kuring
anu janten dokter, tos ngaraoskeun kumah jadi korban
kalakuan preman bupati eta, ngadekem di penjara baru
jeung teu jelas dasar hukumna. Carita pondokna mah,
Atuh Banten teh hiji "rimba raya" pamarentahan, anu
sanes janten picontoeun anu sae tebih tina "good
governance".
Kedah aya "terobosan" kumaha nyehatkeun provinsi eta.
Sanes teu aya SDM anu sae, tapi nyaeta masih dominan
sigana "pola lama" kakawasaan teh samacam "power tens
to corrupt....."
 
baktos,
 
mrachmatrawyani
 
 
--- Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
> Wilujeng enjing baraya,
> si kuring maca di koran jawa pos beu..aya pajabat
> wabup lebak katangkep keur
> pesat narkoba katut purelna duaan.....
> kumaha tah mun pamingpinna geus kitu...masih bisa
> kapilihnya....?
> rieur............
> wasalam
>
>
 
 
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
 
 
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links
 
<*> To visit your group on the web, go to:
 
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
 
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
 
 
 
 
 
 



Do you Yahoo!?
With a free 1 GB, there's more in store with Yahoo! Mail.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke