Bah, kuring tambah bingung mun mireng omongan-omongan anu saukur bisa nyalahkeun batur bari jeung teu mere "solusi"na. Kungsi mireng obrolan di angkot, cenah SBY salah teu becus ngurus nagara buktina hahargaan sagala naek, Amin Rais sarua keneh ngan saukur bisa ngomong, Hidayat Nur Wahid teu beda, partey-partey ukur bisa gontok-gontokan parebut duit di gedung DPR. Intina, naon wae nu dipigawe ku pamarentah + DPR euweuh nu hade. Waktu ditanya jadi kudu kumaha kuduna, manehna ukur bisa ngabetem. Kuring jadi mikir naha enya kabeh salah jeung goreng kabeh anu digawean ku DPR + Pamarentah teh? Asana teh asa piraku, da pikeun kuring mah masih ngarasakeun loba keneh kahadeanna, lantaran tepi ka ayeuna alhamdulillah masih bisa digawe kalayan aman, sanajan enya ari dina panghirupan mah asa leuwih beurat.
Baktos Jaka --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari kuring mah, sok tambah bingung upami > merhatoskeun pandangan- > pandangan ti > pengamat. Ceuk ieu kieu, ceuk itu kitu, bringung > ....... weh jadina. > Teu rek > bingung kumaha, sabab keur jaman Suharto jaya mah, > apan jadi > kareueus upama > "dipercaya" dibere nginjeum gede ku Bank Dunia, ADB, > IMF atawa ti > nagara-nagara maju teh. Der weh krismon, hutang > ngabugbrug, teu > kabayar > .............kalawah-keuleuweuh, neangan "embe > hideung", salahkeun > we kanu > mere nginjeum .....beres sanes? urang Indonesia mah > teu gaduh dosa, > nu gaduh > dosa mah tuh itu Bank dunya, ADB, Amerika jeung > kronina, imperialis > ....................hehehehe > > Meureun enya nagara-nagara maju teh kapitalis jeung > imperialis. Tapi > da > geuning umumna urang Indonesia raresep produk-produk > nagara maju > teh. Ti > mimiti produk teknologi tinggi tepi ka kacang kedele > ( keur tahu > jeung > tempe) sadayana di"supply" ti nagara-nagara maju > ieu. Teu rek > ngagantung > kumaha urang ka nagara-nagara "imperialis" ieu?. > Naek bengsin, urang > awong-awongan, barang elektronik naek, urang > hanjelu. Nu tadina teu > perlu > jadina perlu: Handphone, internet, TV cable jjrd, > jadi kaperluan. > Urang geus > "dijajah" ku kahayang urang sorangan. Sabenerna > Imperialisme modern > dibere > lolongkrang ku urang sorangan! > > Nu hebat mah bangsa-bangsa di Asia Timur (Jepan, > Korsel, Taiwan) nu > sacara > politik mah ngaheueuhan we ka Juragan Amerika, tapi > dina urusan > dagang, > Amrik ripuh, diserebu barang-barang ti nagara-nagara > eta. Malah > kungsi > Amerika, nyembah-nyembah ka pamarentah jepang supaya > barang Amerika > dibareulian ku urang Jepang, ulah barang Jepang wae > nu dibeulian ku > urang > Amerika. Kira-kirana bangsa urang, bisaeun henteu > nurutan > bangsa "sipit" > ieu? > > Baktos, > WALUYA > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

