Ceuk beja, Walikota Depok Dr. Nurmahmudi Ismail
dilantik dinten ieu di gedong DPRD Depok ku pa
Gupernur Jabar. Kanggo ngamankeun acara ieu teh (ceuk
beja deui), aya tilu  lingkaran lapis pengaman.
Kapasitas rohangan ngan ukur keur 190 jelema, tapi
ondangan anu disebar nepi ka aya 700-an. (kumaha yeuh
panicia, "lebih besar tiang daripada pasak").

Kuring kataji kana beja eta, aya sababaraha hal. Ti
mimiti pamungutan suara nepi ka pangumuman calon jadi
"ribut" wae.Nepi ka "ngorbankeun" hakim tinggi di
Bandung jeung 42 lurah anu teu narima kaputusan MA
(lurah calon "dipecat" sabab kuduna pagawe nagri mah
"netral" dina urusan politik).  Terus Badrul Kamal
(calon walikota anu eleh jeung kurut walikota Depok)
teh pan besanan jeung gupernur. Kabayang teu, kumaha
gupernur jeung Badrul Kamal maenkeun "sandiwara" dina
eta acara pelantikan. (kajaba lamun Badrul Kamal teu
ngahadiran eta acara, alatan "sakit jantung
mendadak").

Waktu acara SIMPAY_KUSnet, kuring jeung Teh Ika
(punten yeuh Teh Ika deui janten "co-acting" dina
obrolan ieu), faktor utama "ribut"na pamilihan
walikota Depok teh, aya di Ketua DPRDna, hoyong
ngadamel sejarah 'unik' sa Indonesia. Naon unikna,
mangga wae taros ka Teh Ika.

baktos,

mrachmatrawyani



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke