Haturan ka sadayana.....
Nepangkeun abdi Reddy, ari kawit mah ti Cililin, kirang langkung 40 kilo wetaneun kota Bandung... (kampung nya... :-).. )
Ayeuna nuju milarian artos kangge meser Mercy, bumi, sareng sajabina di Surabaya.
Damelna di pabrik sapatu, janten Constructor (punten nganggo kecap luar)...
Mun aya nu meryogikeun desainer sareng developer sapatu, tiasa ngahubungi abdi
Yuswa tos bade 25 taun... Status mah masih keneh bujang, da teu acan aya nu pas kana manah....
Cekap ah siganamah....
regards,
Reddy
Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533
Haturan teh Cicin...,
nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit sami ti Sumedang palih kaler
(Paseh), ayeuna nuju bumen-bumen di dayeuh Bandung. Mangga sing betah
tumaninah ngariung bandung di lembur babakan Kusnet, naon dadanguan
teh bade masihan tiket ka USA...heheh.
wilujeng tepang oge kanggo teh Nila, sumedangna palih mana teh...?
Cag...ah, nuhun.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

