Saur guru abdi mah kapungkur janten pamingpin teh kedah aya 5 r nyaeta :
Bener : tos diwaleran ku Wa Siddik.
Cageur : nya kitu keneh tos diwaler.
Bageur : sesah nerangkeunana
kumaha situasi & kondisi, kalebet moral sareng akhlakna, komo ditambihan ku berehan mah...
Pinter : siganamah angger kedah aya, Wa
wios tos pabalatak oge.
Singer : Rajin bin daekan, da kedah janten conto
ma enya aya pamingpin ngedul, anak buah weh bur ber kaditu kadieu, ari manehanana ngahekox wae
hehehe
Asal tong keblinger (basa sundana naon nya?)weee...
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Siddik Wiradireja
Sent:
Wednesday, January 25, 2006 12:54 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Milarian Pamingpin Urang
Sunda
Khusus anu dibeureuman...
Pamingpin anu diperyogikeun ku Indonesia dina danget ieu mah teu aya
deui ;
1. Bener = tara ngabohong, tara ngumbar jangji, tara neangan embe
hideung.
2. Cageur = cageur otakna, cageur hatena sareng cageur jiwa & ragana.
3. Jujur = Jujur kadirina, jujur ka kulwargana sareng jujur karahayat.
4. Taqwa, anu ieu mah teu kedah dijelaskeun (da tos terang sadayana).
Aya kitu jalmi sapertos kitu....??? wallahu a'lam...
Pinter....???, tos balatak teuing........!!,
ssw
MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
Tah ayeuna urang sadaya, urang tos sabaraha taun
ngumpul di milis KUSnet, tos katingali
hasilna/prestasi jeung sumanget para anggotana kana
Kasundaan. Tos teu diragukeun deui. Tah ayeuna urang
kantun milarian pamingpin urang sunda, anu tiasa
mingpin 5 - 10 taun kapayun.
Tah kumaha ceuk baraya
sadaya? Pamingpin siga kumaha anu dipiharep?
baktos,
mrachmatrawyani
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

