|
Lamun urang keur dimana wae heug ujug
ujug aya nu noel,tur nu noel eta langsung barang penta kalayan tanpa sadar
sagala pamenta eta kuurang dihayonan, tandana urang geus keuna ku hipnotis.
Mangkana mun aya nu noel ti wangkid ayeuna kudu waspada tur ati ati,
ngan ulah ari kaleuleuwihi mah,sabab teu kabeh nu noel tur dituntungan kubarang
penta nek ngahipnotis, boa eta mah kondektur beus anu nek menta ongkos.
Enya mun inget kadinya matak maruringkak bulu tuur. Sieun aya nu noel! Coba we
mun urang keur ngeunah ngeunah ngamomoy es bon bon heug ujug ujug aya nu
noel, tanpa sadar es bon bon anu keur dimomoy teh dibikeun tur langsung
dihuapkeun ku nu noel. Sanggeus kitu, bari namprakeun leungeunna, nu noel
ngomong kieu "Lagih donk!" lantaran es bon bon anu bieu dihuapkeun teh
kagelong. Tuh nya pan sieun, sieun lalagiheun. Tapi aya deui nu leuwih
muringkak, cenah gara gara ditoel "reuneuh", ah maenya? Tah eta mah
jawabanana mung aya di buku keom sakedap nu bade dongkap( mangga we antos
sugan jadi eta ge).
Ceuk beja, kiwari ngahipnotis teh lain kucara
ditoel wae, tapi lewat telepon atawa sms ge bisa. Kade,lain nyingsieunan ieu mah
da enya, sakumaha anu kungsi ditayangkeun salahsahiji tipi sawasta
dina acara sentuhan qolbu, aya nu ngaku kungsi dihipnotis lewat telepon.
Sok pirajeunan nempo acara eta, lantaran pedaran alus, loba pulunganeunana,
implik implikna mah nya kaasup sunat kalampah tea meureun, itung itung cucipanon
we isuk isuk, lantaran presenterna matak pogot nu nempo, aya cheche kirani
jeung natalie sarah, kaayeunakeun diselang seling ku dewi hughes. Balik deui
kanu tadi, anu jadi korban teh wanoja (16 taunan). Hiji mangsa meunang telepon,
terus panggih, anehna daek wae tur nurut wae sanajan dikukumahakeun ge, nepikeun
kasagala dipasrahkeun, enya ari ngan ukur es bon bon mah moal matak cilaka. Tapi
da ieu mah "mustika" nu ngan ukur hiji hijina teh dikukud teu
disesakeun pisan, saleuheung mun boga dua, tapi saha jalmana boga nu kitu
nepikeun kadua. Bari ngurut dada, hate ngadadak ngilu keuheul " sikasebelan
asa kabina bina teuing, boga elmu teh dipake teu uyahan!"
Kiwari, hipnotis teh geus jadi tongtonan
balarea,da aya acarana ditipi dijadikeun hiburan. Rada reuwas puguh, sabab
sakapeung sok pirajeunan nongton oge, cenah najan kaasup hiburan ge, ceuk
ustad nu ngaguar masalah eta, hukumna tetep haram, nu nyieunna komo, nu
nongtonna oge. Meureun kawas Oma Irama
nyaritakeun bujur inul, nu ngageolna komo haram, nu nempona ge kabawakeun.
Sakapeung mah sok mikir, naha hipnotis kiwari dijadikeun hiburan,
padahal kunu jahat mah boa dipake ide atawa asa diingetan pikeun ngajalankeun
kajahatan kujalan ngahipnotis. Sajeroning mikir kitu, disisi jalan kareret
dina tatangkalan aya plang ku triplek, sugan teh iklan naon da biasana mah mun
teu sedot wc,babby sitter atawa guru ke rumah, tapi geuning iklanna matak
ngagebeg, les Hipnotis, kumplit jeung nomer teleponna. Beu atuh beuki hariwang
we, lamun hipnotis eta aya kursusna, leuheung mun geus mahir ngan ukur dipake
hiburan saperti nu aya ditipi, kumaha mun dipake ngajalankeun
kajahatan.
Dina guaran eta, aya tips pikeun nangkal supaya
teu keuna pangaruh hipnotis, mun nek narima telepon atawa nek muka
sms biasakeun maca heula asma Alloh meunang tilu balikan mah. Kumaha
mun poho? nya bejakeun we kanu telepon atawa ka nu nga-sms-na wayahna titah
nelepon atawa nga-sms sakali deui. Kumaha mun mun ujug ujug aya nu noel ? tah
eta mah sidikeun heula jalmana, boa nu noel teh urut popotongan, mun
sakirana teu wawuh bales toel deui, dina enyana ge nek ngahipnotis, sugan we ari
ditoel deui mah pangaruh sihirna balik deui. Kumaha mun noel deui ? nya bales
deui bae. Atuh jadi patoel toel? Keun wae pan mimitina otel, sugan we jadi
pacantel. Enya saleuheung mun nu noelna lalaki gandang atawa wanoja
demplon, kumaha mun aki-aki atawa nini nini. Rajeun otel jeung nini nini atawa
aki aki. Beu!
SR ( nurutan kang MGT, ngan teu bisa, ngolo
deui elmuna ah ka kang MGT)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] NOEL syam ridwan
- RE: [Urang Sunda] NOEL Waluya, Dani R
- Re: [Urang Sunda] NOEL syam ridwan

