WLUJENG KANG OMAN!

On Fri, 27 Jan 2006 02:38:05 +0000 (GMT)
  rosma ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>    Wilujeng Kang Oman...ngiring bingah, mugia sing 
>janten pejabat nu tiasa "ngemban" (basasundanaonnya?) 
>amanah...
>   
>  Baktos,
>  Ceu Eros.
>   
>  Message: 14        
>     Date: Thu, 26 Jan 2006 16:33:57 +0700
>     From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
>  Subject: Re: kang Oman tos Diistrenkeun janten Kabid 
>Lingkungan
>   
>  Heuheuheu....dasar harewos SATENGAH bojong nya....aya 
>anu leresna, aya 
>  anu
>  lepatna. Mangga, seja ngalereskeun, bilih janten lepat 
>informasi.
>   
>  Dinten Senen anu karek liwat, memang sim kuring 
>dilantik deui dina 
>  jabatan
>  anu anyar. Sacara eselon mah teu naek jabatan teh, ngan 
>posisi sigana 
>  rada
>  naek. Ti heula si kuring minangkana mah kasub bagean 
>dokumentasi & 
>  informasi
>  (eselon IV), direktorat tata lingkungan geologi dan 
>kawasan 
>  pertambangan
>  (eselon II). Ayeuna, jabatan teh salaku kasubag 
>Penyiapan Rencana Kerja
>  (eselon IV) di bagean Sekertariat Badan Geologi (eselon 
>III), Badan 
>  Geologi
>  (eselon I). Jadi, ti heula mah di salah sahiji kantor 
>unitna, ayeuna di
>  pusatna.
>   
>  Anapon Badan Geologi eta hasil reorganisasi tina 
>Direktorat Jenderal 
>  Geologi
>  jeung Sumber Daya Mineral (DJGSM). Jadi........tugas 
>ayeuna teh 
>  kabagean
>  ngararancang program Badan Geologi anu mayungan 5 unit 
>eselon II
>  (Sekertariat, Pusat Sumber Daya Geologi, Pusat 
>Lingkungan Geologi, 
>  Pusat
>  Survey Geologi, Pusat Vulakonologi dan Mitigasi Bencana 
>Geologi, jeung 
>  Balai
>  Penyelidikan dan Pengembangan Teknik Gunungapi).
>   
>  Aya anu seja diguar leuwih teleb, nyaeta ngeunaan Badan 
>Geologi (BG).
>  Ieu instansi lahir kulantaran pangdesek sangkan geologi 
>leuwih mandiri, 
>  teu
>  ukur dikaitkeun keur kaperluan neangan mineral 
>(sarupaning barang 
>  tambang)
>  wae siga anu enggeus-enggeus. Ayana kajadian bencana 
>alam saperti 
>  tsunami,
>  lini (gempa bumi), tanah longsor, jst, anu tambah 
>ngaronjta, 
>  enas-enasna mah
>  mangrupa masalah tata ruang anu kurang nimbang-taraju 
>pangaweruh 
>  geologi.
>  Hal ieu  nimbulkeun pamenta sangkan lingkungan sakabeh 
>aspek geologi  
>  tambah
>  atra kinerjana (gawena). Leuih jauh, hal ieu meredih 
>sangkan geologi
>  jadi tambah mandiri ngebrehkeun icikibungna boh dina 
>widang sumber daya
>  mineral (geo-resources), bencana alam (geo-hazards), 
>jeung lingkungan
>  geologi (geo-environment). Nya dina tangtungan instansi 
>eselon I mah 
>  hal eta
>  teh ngarupakeun pamenta sangkan sagancangna diwangun 
>Badan Geologi tea. 
>  Nya
>  karek kamari dikukuhkeun Badan Geologi teh.
>   
>  Kahayang para geolog mah ieu Badan Geologi teh langsung 
>disahandapeun
>  Presiden (jadi Badan Geologi Nasional), lain 
>sahandapeun hiji 
>  departemn.
>  Orokaya, pikeun ka dinya teh lain proses anu gampang 
>jeung tereh.
>  Sabab, instansi-instansi anu pakait jeung geologi teh 
>lain ukur
>  di sadepartemen (ESDM atawa Pertambangan, baheula mah). 
>BMG jeung LIPI 
>  oge
>  icikibung dina geologi. Kukituna, samemeh ieun Badan 
>Geologi
>  sifatna Nasional, nya ditempatkeun heula disahandapeun 
>Dep. ESDM, 
>  minangka
>  indungna. Engkena mah, cenah, rek jadi Badan Geologi 
>Nasional.
>   
>  Sakitu para wargi. Hapunten, ieu mah wawar soteh lain 
>rek agul ku 
>  payung
>  butut, tapi seja ngalelempeng harewos satengah bojong 
>wae. Pamugi aya
>  manfaatna.
>   
>  baktos,
>  manAR
> 
> 
> 
> Send instant messages to your online friends 
>http://uk.messenger.yahoo.com 

========================================================================================
Speedy Gift 4 You. Pasang Speedy gratis Flexi Trendy dan berhadiah undian : 
3 Notebook, 7 Handycam, 9 Digital Camera, dan 25 Modem ADSL. Maaf hanya untuk 
Januari 2006. 
Info : 147 (Khusus Jawa Timur)
========================================================================================
Dapatkan hosting tercepat dengan bandwidth tak terbatas. Hanya di 
http://www.hostingkilat.com
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke