Tah kukituna peryogi pisan, para 'ahli huruf sunda' (?) sapuk heula 'huruf sunda' nu kumaha nu bade didaftarkeun teh, hanas ke ngadaptar, tapi diantara para ahlina ge teu acan sapuk. Ngan katingalna mah mun noong nu Bali, geuning aya sababaraha jenis huruf bali nu dipatotoskeun teh ti biharina nepi ka kiwari. Ah, perkawis ieu mah nya katingalna mah nyanggakeun we ka para ahli perhurupan atanapi oge ka filolog. Iraha atuh tah ngawitanana? bilih bae bade kempel di bandung, mangga atuh tiasa di abdi ge tempat2 wae mah, di puslit kp2w unpad
 
Wass,
dmar

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tadi siang , kuring, Kang Mumu (FIB), Kang ganang
(FIB) sareng kang Kumincir, ngalongok Mang Ayat di
Paviliun E2 RS PGI CIkini.
Kuring laporan perkawis Pasamoan SIMPAY-KUSnet, sareng
paguneman di KUSnet rencana ngadaftarkeun aksara Sunda
ka UNICODE. Ceuk kuring teh KUSnet peryogi dukungan ti
ahli Kasundaan kanggo ngadukung perkawis aksara sunda.

Saur Mang Ayat teh, "sok wae daptarkeun, tapi beneran
heula aksara sundana, entong make aksara sunda anu aya
dina bukuna pa Undang S. Darsa, dkk". Sok sanajan dina
tim eta teh aya nami Mang Ayat, tapi anjeunna teu
ngaraos "sreg" ku ayana tambihan aksara  sapertos F,
V, Z,jst. "Aksara Sunda asli mah, euweuh hurup-hurup
nu kitu teh," saur Mang Ayat. Hurup-hurup eta teh
"dipaksa" dilebetkeun ku Pa Wahyu Wibisana (budayawan
Sunda).

Kirang langkung eta intina kasauran Mang Ayat ka sim
kuring, disaksian ku Kang Mumu. (Kang Kumincir harita
teu acan sumping).


Baktos,

mrachmatrawyani

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke