Leres pisan wa Sidik, kedah Muslim. Saena mah saderek anu caket aya 
patali getih sareng si calon panganten.
Upami teu aya, tiasa ngawasakeun ka pejabat anu muslim (di kedubes 
tea panginten nya?)
Leres oge, kedah aya ikrar secara lisan/tulisan ti calon ka eta wali.
Punten, ieu oge kenging ngorehan sareng noelan ka mitoh hihihii

deny
--- In [email protected], Siddik Wiradireja 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Waalaikum salam wr. wb.
>    
>   Manawi teu lepat, bapa calon panganten isteri sanes muslim, teu 
tiasa janten wali.
>   Janten eta bapa calon panganten istri kedah nunjuk wali muhakkam 
(leres nyeratna..?), kalayan ngikrarkeun kaanu ditunjuk janten wali :
>   anu eusina (manawi teu lepat) : Bapa anu.... kumargi sim kuring 
sanes muslim, sim kuring nga ...... (wakilkeun/manawi teu lepat) ka 
salira kanggo nikahkeun pun anak wasta ....... ka ujang ............
>    
>   Aduh punten na mani hilap-hilap teuing,  sareng kaleresan 
disrorompok ieu teh, upami dikantor mah asana masih aya dina 
pabetekan..
>    
>   Sakitu anu tiasa kawaler punten kirang nyugemakeun.
>    
>   ssw 
> 
> Ganjar Kurnia [EMAIL PROTECTED] 
>   Ass Wr.Wb.
>   Manawi aya anu uninga bab syahna perkawinan. Kumaha upami wali 
(bapa calon panganten istri) sanes muslim, naha tiasa anjeuna ku 
anjeun anu nikahkeun (ijab kabul) atanapi kedah diwakilkeun? Sumpah, 
sanes kangge pribados sorangan. Ieu mah aya mahasiswa urang 
Indonesia anu bade nikah ka urang parancis.
>    
>   Nuhun kana bantosana.
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke