Kalapa
 
Batur teh ku aya-aya bae. Nitah nyieun proposal bisnis produk olahan tina kalapa. Siga nu ngaheureuyan.
 
Enya, sanajan kuring sanggup ge nyieun proposal bisnis, atawa proposal nagara pisan, nu karitu patut  mah manehna leuwih jago. Leuwih ngarti. Da manukna. Sakanyaho kuring, keur manehna masih keneh gawe di bank, urusanna teh teu jauh tina urusan analisa kredit, nu hartina ngulukutek sarupaning proposal bisnis tea.
 
Jeung deui, eta nu rek dibisniskeun atawa nu rek diproposalkeun teh produk olahan kalapa pisan. Hal anu kuring oge teu pati wawuh. Maksud kuring, kaweruh kuring ngeunaan eta mangkeluk standar pisan: Siga nu digambarkeun ku lambang pramuka, kalapa mangpaatna loba pisan. Ti mimiti kembang, daun, nepi ka tangkalna miboga mangpaatna. Geus puguh ari buahna mah. Boh dagingna, boh caina. Dalah, tapas jeung batokna ge teu saeutik mangpaatna.
 
Ti kapiadi, kuring meunang beja: Di Banjar aya pabrik tapas kalapa nu meunang kontrak ti hiji pausahaan Jerman keur nyuplai tapas kalapa pikeun jok mobil. Oge, mun teu salah denge, di Sumedang aya pabrik sarupa. Lian ti eta, aya sawatara pausahaan nu nyarieunan briket areng kalapa. Terus di Medan, aya hiji lembaga bogana PU nu naliti jeung ngembangkeun tangkal kalapa pikeun bahan bangunan. Usaha nu pakait jeung kalapa nu kiwari keur ngetren, industri VCO, Virgin Coconut Oil, nu ku kolot-kolot urang sok disebut keletik atawa minyak keletik. Kituna ge, cenah, masih skala home industri tea. Sarua jeung usaha buah merah. Can aya nu mangrupa pabrik gede.
 
Alatannana, nya secara ekonomis can kaharti bae meureun ku nu baroga modal. Ongkoh, perkara "minyak keletik" ieu jadi ceuyah teh pedah bae aya urang Amerika nu ngahudangkeunnana. Manehna nyabit-nyabit mangpaat keletik atawa VOC, eh VCO eta. Mun lain urang Amerika eta mah, sanajan sarua ahlina, meureun, keukeuh bae kawas saencanna: Minyak kalapa teh dianggap sumber cholesterol. Matak, minyak tina kalapa sawit nu digegedekeun teh. Minyak kalapa mah, sanajan masih diproduksi, cenah, lakuna teu sabaraha.
 
Kaweruh lianna: Kalapa bisa hirup di mana bae. Paling heunteu nepi ka wewengkon nu luhurna, mun teu salah inget, 3.000 meter luhureun laut. Teu pamohalan mun di urang, kalapa patulayah di mamana. Ku alatan kitu oge, patani kalapa di urang aya kana 4,5-5 yuta kulawargana. Hartina, mun tiap kulawarga tuhu kana "ajaran" Keluarga Berencana, dua anak sakulawara, aya 18-20 yuta manusa Indonesia nu hirupna pakait jeung kalapa.
 
Ngan nya kitu, kalapa teu dikokolakeun kalayan daria. Beda jeung Filipina atawa Vietnam, nu mulasara kalapana nepi ka bisa jadi lima (atawa tilu?) komoditi unggulan nu bisa mere devisa keur maranehna. Di urang mah, kebon nu aya ge teu dipirosea. Nepi ka 40-50% tangkal kalapa di urang kudu dirumajakeun. Hartina, nya perlu perhatian ti pamarentah, LSM, ulama, seniman,  wartawan, tukang kiridit, mantri polisi, jeung relawan. Utamana, mun hayang ngajait patani kalapa tea.
 
Tapi, nya kitu. Siga disebut tadi: Ti taun 80-an, pamarentah leuwih "ngogo" industri kalapa sawit. Lain bae di Sumatera jeung Kalimantan, di Jawa ge teu saeutik lahan nu dirobah jadi kebon sawit. Nepi ka di Kalimantan jeung Riau mah, cenah deui bae, aya kebon sawit nu langlayeuseun sorangan. Da sawitna euweuh nu nampung. Si investor, teu embol-embol deui. Enya. Da, manehna mah geus meunang untung tina kai leuweung nu dibabad mangsa muka eta kebon atawa tina kredit keur "muka" kebon sawit tea.
 
Antukna, nya rahayat leutik deui nu sangsara mah. Hanas manehna geus kaiwat ku program PIR nu baheula dijangjikeun ku si investor, ngarararobah kebonna jadi kebon sawit. Ari ayeuna kieu kajadiannana? Atuh, si kebon teh ngajejembrung deui. Teu kaurus. Ditambahan deui ku kawerit ayeuna: Euweuh gemuk. Geus kitu teh, pamarentah siga nu tonggoy:  Leuweung-leuweung di wates RI-Malaysia rek diobah jadi...kebon kalapa sawit. Atuh, aktivis lingkungan ngagararowok. Da, lian lahanna miring, eta rarancang teh bakal ngababuk sabagian taman nasional. Rieurrrr...
 
Sanajan rieurrrr, digedekeunna industri atawa kebon kalapa sawit di urang tangtuna aya alesannana. (Nya, enya. Mun euweuh teh kacida pisan eta pamarentah). Lian ti dipiharep bisa nampung nu garawe teh, lolongkrang urang keur ekspor lumayan gede. Ti taun ka taun, cenah, kabutuhan minyak sawit terus nerekel. Geus kitu teh, Cina jeung Vietnam, nu remen jadi lawan urang dina widang kekebonan lian ti Thailand jeung Filipina, teu bisa melak eta tutuwuhan. Teu cocok alamna. Bari potensi tanah di urang lega.
 
Teu aneh mun urang kiwari jadi eksportir minyak sawit ka dua (?) sadunya, saeunggeus Malaysia. Hartina, mangpaat sawit gede oge keur nagara. Eta bae, mangsa krisis moneter keur heuheurasna, 2000, industri ieu bisa nalangan nepi ka US$ 3,2 miliar. Sanajan, dibandingkeun jeung Malaysia mah can sabaraha. Harita, maranehna bisa meunang devisa nepi ka US$ 6,5 miliar tina ekspor sawit. Pan, urang mah karah nerapkeun pajeg ekspor nepi ka 3%? Ditambah ku cecek bocek lianna, nu ceuk taksiran kuring mah akarna aya dina kapercekaan jeung kasatian urang dina perkara korupsi, nya...
 
Kitu kaweruh kuring ngeunaan kalapa (jeung sawit) teh. Standar pisan, pan? Leuwih ti kitu mah kuring teu nyaho. Aya ketang kaweruh standar lianna. Ngeunaan mamala kalapa: Mun hulu urang katinggang kalapa, komo nu keur meumeujeuhna, pasti bakal buncunurna. Malah, bisa-bisa, kalengger pisan. Geus puguh mun kalapana tilu kontainer mah. Diborolokeun kabeh kana hulu urang. Moal teu gepeng tah eta hulu, jeung awak-awakna. Tapi, saha nu rek pirajeunan ngaborolokeun kalapa nepi ka tilu kontainer? Tong jadi pikiran teuing. Barina ge...
 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441



What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke