kapungkur kang Maman S. Mahayana kantos gabung ka KUsnet, tapi kaluar deui
da murudul teuing cenah. kang MSM teh balad kang Rani ti UI Depok. anjeuna
ngawulang di jurusan sastra indonesia FIB UI.

kamari pendak di bandung. yuswana beda sapuluh tahun jeung si kuring. kang
MSM teh asana urang cirebon. kamari ka bdg janten narasumber workshop
penulisan novel nu diayakeun ku grasindo, pamedal novel si kuring.

reueus teh, eta kamari nara sumberna, duanana US. nu hiji kang Maman S.
Mahayana. dumasar kana ngaran, pastina kang MSM urang sunda. cirebon versi
sunda. nu kadua, kang Cecep Samsul Hari. redaktur majalah sastra Horison.
tuh nu ngurus majalah sastra kahot di urang teh US.

acarana ke kaitung unik, sabab diayakeun di Saung Angklung Mang Udjo. aya
rohangan pikeun ngariung. mun hiji mangsa KUSnet rek kongress, hade pisan
mun diayakeun di eta tempat. pasosore sok aya pagelaran musik angklung. nu
maena barudak keneh pisan. mc na nyarios ku basa inggris da pikeun turis
bule nu kamari oge ngagimbung.

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke