Hatur nuhun kang Mincir sareng Bah Boim,
 
saleresna mah ieu patarosan teh mung ukur pamancing, aya patarosan susulan. Dimana aya nu terang ka ieu tokoh, sim kuring bade naros masih gaduh bukuna?, tiasa teu bukuna disuhunkeun ku abdi? he he he he
 
Guriang Kawung Luwuk nyaeta hiji tokoh nu aya dina carita Purba Sari Ayu Wangi nu baheula novelna kuring boga (ayeuna leungit). hanjakal pisan padahal eta teh hiji novel paporit sim kuring basa keur smp. judulna jeung pangarangna poho, ngan mun teu salah masih keneh make ejaan heubeul.
 
Guriang Kawung Luwuk ngaran alias ti Guru Minda (GM) putra Sunan Ambu tea. sapertos nu ku sadayana terang, dina raraga neangan jodo gm turun ti kahyangan ka buana panca tengah. ngan manehna kudu ninggalkeun jirim asli kudu ngajanggelek jadi hiji lutung hideung.
 
Hiji carita nu didumasaran ku pantun baheula, nyaritakeun perang antara asih jeung angkara (biasa nya?). gambaran bener angger lemah teu daya teu upaya nyanghareupan jahat nu kawasa. ngan angger jiga sinetron jaman kiwari, pasti aya pihak katilu nu bakal ngabantuan si bener.
 
Tah Guriang Kawung Luwuk, mentas dina panggung, nalika Purba Sari, si lemah kudu ngabendung lubuk sipatunan piwarang ingkang raka Purba Rarang nu keur kawasa. Harita GM kaluar tina pakean lutungna ngajanggelek deui dina jirim aslina pikeun mikeun hiji lauk kancra emas ka nyi putri. Tapi manehna ngenalkeun diri make ngaran Guriang Kawung Luwuk.
 
sakitu, ieu mah sugan jeung sugan aya keneh nu gaduh novelna.
 
haturan, bakti diri,
 
deha tea.
tukang ngabejaan bulu tuur

 
On 1/30/06, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan jang Ndud....,
Kawung Luwuk lamun di Sumedang mah ngaran hiji lembur pernahna di daerah Conggeang/Buahdua (lamun teu salah mah).

"kkbm'69"






--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke