Satuju Yosep,
Jeung deui teu aya hubungana antara libur nasional sareng "sumbangsih".
Ari ceuk logika sim kuring mah, libur teh, pedah waktuna bentrok jeung kagiatan kaagamaan anu kalintang pentingna, sakalian we ku pamarentah diresmikeun jadi libur nasional. Tingali we kanyataanana, dina hari raya Imlek baheula saacana resmi dijadikeun libur nasinal, loba pisan toko toko nu tutup. Kuring mah yakin pamarentah ngaku pisan yen US teh loba pisan sumbangsihna ka nagara.
 
Wilijeng taun enggal,
Trias


Yosep Hania <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Atuh iraha Nagara arek maju na kaang ? ari tiap suku hoyong netepkeun
Libur Nasional masing masing.....engke Liburrrr Terusss....
Kangge conto (punten ngabandingkeun sareng didieu), di dieu mah libur
Nasional teeh ngan saukur Libur Islam + Milangkala kemerdekaan(1
muharam, maulud nabi, Lebaran..) teu aya libur natal, taun anyar (1
january) atawa Imlek.
Aya tambihna, sapertos kamari, raja raja tatanggi (Dubai, Qatar, Kuwait)
ngantunkeun dunya....di dinya kawijaksanaan pamarentah keur ngahormat
anu ngantunkeun...nya di janteunekun libur nasional. Tapi kan da teu
unggal taun.

Hatur nuhuun....
Punten..ah
Yosep


-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Ari R. Fikri
Sent: Monday, January 30, 2006 6:21 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Urang sunda euweuh sumbangsihna jang Bangsa
Indonesia ?

Mun dipikir-pikir mah meureun bener yen US teh euweuh sumbangsihna
jang kamerdekaan atawa ngawangun bangsa Indonesia (BI). Lain US wungkul
tapi U Jawa, U Bali jrrd.
Naha make kitu ?
Pan cenah ayeuna urang di liburkeun dina taun baru Cina, Imlek tea, teh,
ku
sabab
mieling yen U Cina oge geus ngabantu kana pangwangunan BI.
Pan ari US teh boga pananggalan sorangan, jadi aya taun baru Sunda. Kitu
oge
U Jawa jeung Bali. Tapi naha tara di liburkeunnya ?
Padahal pan teu saeutik pahlawan ti tatar sunda teh. Aya Moh Toha, Oto
Iskandar,
Rd Dewi Sartika, KH. Zaenal Mustafa jrrd. Naha teu diaku perjuanganna
teh
kitu ?
Padahal pan aranjeunna teh asup kana rengrengan pahlawan nasional ?
Aya oge pahlawan anu asalna lain BI, contona Douwes Decker, tapi eta mah
da
urang
Walanda.
Ari nu ti Cina/turunan Cina saha ?  Aya para wargi anu uninga ?

pun Ari



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links









Kang Santosa


Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke