Tapi uninga heunteu, naon ari definisi porno teh? === tah iyeu pertarosan teh rada aneh lah..
naona sababna aneh.. naha make jeng kudu di definisikeun deui pan geus jelas ngumbar orat mah teu menang, ceuk saha teu menang nyak ceuk agama islam, jadi teu kudu ribut kantun kieu pertarosan di indonesia rek make hukum naon? reka islam atawa rek liberal?
mun rek islam jelas model playboy teu memang bin haram di bewarakeun,
tah mun ngomong orat lumpatna batesan orat lalaki jeng orat awewe sakumaha?
jadi teu kudu aya defisini deui
ceuk kuring nu nenangan defisini prono mah jelema teu boga agama alias jelama teu nyahao batal haram teu nyahao halal haram teu nyaho agama jeng darigama, nyahona ukur alus jeng hasil karya seni ceunah...

cag ah...  urang sanggakeun ka pangeran we lah... da' geus jelas hukumna muwuh pangeran mah... nu pro manga nu kontra manga kantun ngahisab diri masing2 we lah...

urang sunda rek kumaha nya komo masing2 we,
tp hadena apal agama jeng darigama

wasalam


On 1/30/06, H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eh atuh kumaha teumatak geunjleung perkawis najalah Playboy versi Indonesia teh, ningal bakal coverna oge parantos panasaran.......serem........sareng keuheul pisa..! bangsa Indonesiqa teh ternyata memang tukang heureuy ! 

On 1/29/06, MRachmat Rawyani < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para saderek baraya KUSnet sadaya.
urang teh ayeuna mani "hog hag" nyarioskeun perkawis
pornografi, play boy, aya nu pro, aya nu kontra, aya
oge anu cicing wae.
Tapi uninga heunteu, naon ari definisi porno teh?
Kuring mostingkeun perkawis "erotisme sareng
pornografi" kenging "mulungan" ti buku seratanana pa
Benny H. Hoed. Judul bukuna teh nyaeta "Dari Logika
Tuyul ke erotisme" anu diterbitkeun 2001.

Ieu mah pangalaman rerencangan kuring (istri anu
pangawakanana alit), hiji mangsa ditugaskeun ku
pausahaanana (grup media majalah wanita) ka Las vegas,
ngaliput hiji acara. dihiji kios buku, anjeunna teh
ningalian majalah Play Boy. sabada ningali eusiana,
teras wae meser eta majalah. Si Tukang jaga buku kios
mani mencrong teu ngiceup-ngiseup, bari (meureun
ngagerentes na jero hatena, ieu aya budak leutik
awewe/dibawah umur, bangsa kulit berwarna,meuli
majalah jalma dewasa), teras naros ka rerencangan
kuring.
"jang naon maneh meuli majalah Play Boy?"
Rerencangan kuring teh ngawaler kalayan kalem "dina
majalah ieu, aya hiji wawancara, eusina alus pikeun
conto jurnalistik."

Sababaraha wengi kapengker, dina hiji stasiun
televisi, aya dialog perkara majalah Play Boy. Anu
ngawawancarana teh istri, ari nara sumberna teh
Arswendo sareng wawakil ti MUI. sipewawancara teh ari
masihkeun (contoh) majalah play Boy ka Arswendo biasa
wae. Tapi ari masihkeun majalah eta ka wawakil ti MUI,
make bari jeung ditutupan sagala.

tina dua conto eta aya anu "menarik". Aya masalah
budaya anu mangaruhan kana dua kajadian eta. Conto anu
kahiji budaya anu bebas, tapi bari jeung nyaho
wates-watesna. ari conto anu kadua, si pewawancara teh
katingali dipangaruhan ku pipikiran "diskriminasi".
Arswendo mah meunang ningali eusi majalah, tapi wakil
ti MUI mah teu meunang (da ahli agama mah "suci", teu
pantes nginali gambar anu teu uni - meureun, ieu mah
sawangan kuring).

Conto anu katilu ieu mah, nunjukkeun kayaan budaya
urang di taun 1980 an. Lamun jaman harita, sok remen
nongton pilem di bioskop mah pasti kenal ka bentang
pilem anu ngaranna Edwige Fenech, anu sok ngabintangan
pilem-pilem "panas". Salah sahiji pilemna teh judulna
"Lady Chatterley's Lover". Kang Maman Gantra
"pastilah" tos  nongton pilem eta. Tapi "daek medu"
kuring mah heunteu nongton pilem siga nu kitu. (Ngan
nongton pilem "CALIGULA" wae he...he...he....).


baktos,

mrachmatrawyani

 



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS







--
---- Koperasi Amanah Sunda -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit), oge nampi pesenan, Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui,
Order call --> 08128377662
=================================
Council King Empire of Pasundan
- King of Priangan
- King of Cirebon
- King of Banten
- King of Bogor raya
----------------------------------------
PT. Smarthub Technologies
-solusi sistem informasi yang tepat dan akurat-

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke