Bade ngiring ngacapruk ah! Mun teu lepat mah (aya dina buku 'dasar-dasar Ilmu Politik' seratan ibu Miriam Budiardjo - tos lami teu "nyabak" buku eta), tina paham kapitalisme teh aya dua aliran anu "ngoreksi" (hukum dialektika logika tea, atanapi tesa-antitesa-sintesa), nya eta komunisme sareng soialime tea. Sosialisme oge aya sempalana anu kantos diterapkeun di nagara Eropa Timur, tapi teras pareum. ari di Eropa kulon (skandinivia)pan berkembang konsep nagara. kasejahteraan tea.
Sok sanajan paham komunis teh cenah tos pareum, ku ayana Sovyet runtuh sareng Cina anu jadi nganut kapitalis, tapi ari ningali dina praktekna masih dijalankeun ku nagara Kuba. hartosna ieu teh nunjukkeun hiji paham tiasa ngadeg-ajeg lamun aya faktor-faktor anu tiasa nunjang kana paham eta. Ari pamikiran Cak Nur (Nurcholis Madjid), ceuk pipikiran kuring mah teu ngarobah sacara mendasar paham-paham anu tos aya, langkung menekankan faktor-faktor naon anu tiasa ngadorong hiji paham tiasa ajeg-ngadeg di hiji nagara. Ari paham dasar konsep Islam mah, mun teu lepat mah pan aya dina "dina harta anu dipiboga ku urang teh, aya sabagian "hak"na jalma yatim, jalma anu teu boga" tea. Ayeuna oge aya "aliran pemikiran kritis", anu ngoreksi kana paham liberalisne jeung kapitalisme tea. Dina praktekna geuning kahirupan di dunya teh lain leuwih hade, leuwih alus, tapi kalah ka beuki lebar wae jurang nagara miskin jeung nagara kaya. Nagara kaya beuki sugih, nagara miskin beuki malarat bari jeung rusak sumber daya alamna (jiga Indonesia meureun). Jadi aya kateuadilan sacara struktural, anu dihaja diayakeun ku nagara-nagara kapitalis. Kumaha ketakna pamikiran aliran kritis ieu, teu acan katingali "bungkeuleukanana". Tapi sababarah saptu katukang aya artikel di Kompas anu ditulis ku Sastrawan Radhar Panca Dahana, anu ngaluarkeun alternatif pemikiran ekonomi"Hidup Cukup". Hanjakal kuring teu acan parat ditulis ulang. Intina mah ari hirup jeung nyiar kipayah teh tong "hawek teuing", komo bari jeung ngahalalkeun sagala cara. Nyiar kipayah sacukupna wae. Naon ukuranana "cukup" teh. Nyaeta lamun beuki saeutik jurang konsumsi jeung produksi, anu dipikabutuh ku hiji jalma. baktos, mrachmatrawyani --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun kang Yudi, kana penjelasanana sareng > referensina. Janten > kapitalisme teh asalna mah tina "budaya sodagar" > panginten nya?. Tapi kieu > kang margi akang nyebat-nyebat Lenin sagala, jadi > akibat aya faham > kapitalisme ieu Komunisme lahir. Jigana mah reaksi > kana faham kapitalisme > "bebas" di abad ka 19 (revolusi Industri). Tapi > komunisme apan akhirna jadi > ideologi nu "dimusieumkeun", da teu cocog jeung > "fitrah" jelema, nu dasarna > mah individualis ( atawa individu nu independen tinu > sejen). __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

