Ari kieu imut katahun 50an, Nini gaduh saung Lotek di Bandung anu tihangna didamel tina awi gombong ageung. Dina salah sahiji tihang tempat anu dianggo bagian jero warung tempat bale2 sareng korsi, ku Nini teh salah satu ruas awi teh dikohokkan, supados hiji ruas awi teh janten cengcelengan. Nah, danget eta mimiti weh Nini teh nyengcelengan receh jeung duit keretas dina awi tihang teh. Tihang dituruban ku hordeng. Dingding saung,tina bilik, bagian hareup ditutup ku papan albasiah, nganggo engsel. Jadi saung lotek teh katutup ti sagala jurusan. Ngan, kaopat tihang awi gombong teh, katingali tiluar. Hiji, mangsa 2 dinten sateuacan puasa, waktos Nini subuh2 bade ngulub sayur, eta, nah saung teh rugrug jeung tepi ka dengdek. Salidik punya salidik, si horeng teh tiang awi cengcelengan aya anu ngaragaji, tepi ka sapat ! Teu kira2 naha atuh bobok wae sakedik padahal mah ! Sigana mah waktos pun Nini nyengcelengan dinten ka dinten, aya budak bangor tatanggi anu ngintip !

On 2/1/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

istilah Vernakular duka teuing timana asalna. harti ilaharna mah, kirata we,
cara jelema barangjieun make matrial nu aya disabudeureunana, oge teu
kasebut saha2na nu nyieun (arsitek atawa desainerna), hartina aya nu
nyieunna  mah, ngan teu jentre. atawa mun hiji wangunan, teu puguh saha
arsitekna, da dijieun teh estuning nurutuan nu geus ilahar,nu geus biasa
dijarieun, boh dina rupana oge matrialna.

pangna kitu, di urang, hiji wangunan atawa barang bisa kasebut teu
dirancang ku ngan ku hiji jelema. atawa mun aya hiji jelema nyieun hiji
barang, siga karajinan tina awi di rajapolah, tatanggana oge nyarieun.
jeung teu matak masalah siga di negeri deungeun nu katalian ku hak cipta
tea. karya di urang sipatna milik balarea, jadi make adat kulon ayeuna
rada riweuh. da can biasa di urang hiji karya dimiliki eksklusif kunu
nyieuna.

nya mun noong imah sunda, make cara vernakular, tangtuna lumpatna kana
matrial nu biasa dipake. kayaning awi, kai jeung barayana. eta kitu soteh
nunjuk ka imah model baheula nu dijieun ku karuhun urang. teknologi
kenteng van jatiwangi meureun harita can aya, beh dieu, dina ayana jauh
jeung  teu kabeuli. jadi sanajan teknologi anyar geus aya, urang masih
keneh bisa manggih imah vernakular nu make hateup/atap tina injuk jeung
sajabana.

kitu deui parabot imah sejena, utamana parabot dapur nu loba make bahan
tina awi,jeung parabot tengah imah atawa rohangan sejena nu make pandan
pikeun samak atawa kai pieun lomari.

perkara dapur, sanajan teknologi geus ngaganti suluh, nya ayana kompor
jadi make minyak tanah atawa make gas, parabot sejena masih bisa make nu
dijarieun model vernakular tea. siga wadah/tatakan piring atawa piringna
sakalian, bisa ku anyaman awi tea.

imah jeung parabot model kieu ayeuna karasa ahengna jeung jadi unik, payu
pikeun hotel resort (hotel paranti piknik) oge rumah makan nu has menu
sunda. sabab -soal imah- geus lila oge urang make vernakular cara anyar,
eta make tembok bata jeung kenteng tea. make apu ayeuna make semen. jadi
salian piknik teh urang oge nganjang ka baheula. kitu deui mun urang dahar
make piring mah geus biasa, mun make parabot tina anyaman awi, komo jeung
menu sunda nu geus lawas, matak pedo.

imah model vernakular sunda kitu payu, sabab kalolobana turis atawa urang
sorangan oge, resep neangan ciri nu  has atawa otentik ti hiji
tempat,kaasup parabot jeung model imah.

kahayang mah, dina raraga micinta produk budaya dulur sorangan, tonk he
love ari ngalangkung ka rajapolah, balanja barang2 has wewengkon dinya.
kitu deui  mun ka plered atawa padalarang, peseran barang2 karajinan urang
dinya. dikoleksi di imah sewang2an jadi mere suasana sunda. sabab produk2
budaya eta bisa mere ciri has budaya urang. eta kabeh bisa kasebut desain
vernakular. di padalarang aya cabe beureum badag pisan, kohkol eta mah
lain pikeun nyambel eta mah. hehe.


mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke