ayeuna keur usum hujan. di kota mah hartina, sanajan teu kabeh, baris
ngalaman rada banjir.

bandung oge teu katinggaleun. resep rada banjir teh. utaman wewengkon
bansel, deukeut citarum. duka geus asup kabupaten sigana eta mah.

hujan saeutik, di bandung, cai ti kamalir/riol sok otah, milu mejeng ka
jalan jeung saterusna.

kaideuan ku hiji acara dina tv baheula, nu nyaritakeun torowongan pikeun
kareta ti inggris ka perancis oge sabalikna. mesinna kumplit jeung badag
kacida. cenah aya hiji nu dikubur di dinya.

mun bisa mah dipenta nya. atawa nyieun we, piraku insinyur teknik mesin
teu barisa. pikeun nyieun torowongan handapeun bandung. rohaka sigana. ah
kudu, ari hayang bandung angger hade sarebu taun deui mah. torowongan
handapeun bandung utamana pikeun nampung cai hujan atawa cai naon bae,
pamiceunana di rajamandala, palebah sasak tea. kabayang, cai hujan atawa
cai naon bae langsung kasedot. bandung moal aya cileungcang2 acan.

nya sakalian we torowongan eta teh  pikeun PLN, telkom, jeung sagala
perkabelan oge PDAM. mun seug pikeun kareta kota bawah tanah (tube di
london atawa metro di paris) sigana hade oge.

mahal kacida sigana. tapi asa rada kudu. batur ge bisa, piraku urang henteu.


mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke