Kang Ari,
Jigana libur Nasional teh kawijakan pamarentah anu leuwih méré 
kahormatan pikeun bangsa indonesia ngalaksanakeun ibadahna
sewang-sewangan.

Imlék téh Taun Baru Cina / Lebaran Cina keur umat Khong Hu Cu.
sanajan sakanyaho mah, ieu Imlék téh ngarupakeun adat wungkul,
sabab urang Cina nu agamana Budha gé angger Imlékan.

Apan urang sunda gé boga taun sorangan, kitu deui urang
jawa, anu disebut 1 Syuro tea, bareng pisan jeung tanggal
1 Muharam, tapi naha teu di perékeun ?
Ih duka..

Geuning di jawa mah, babarengan jeung perayaan Taun Baru
Islam téh sakalian jeung perayaan 1 Syuro, Taun Baru Jawa téa, 
nepi ka munding2 nu bere ngaran "Kiai Slamet" diarak 
sapanjang kota. Rahayatna marilu kariaan.

Beda deui kawijakan pamaréntah Bali, nu rahayatna loba
perayaan kaagaman Hindu, da saeutik-saeutik peré, nu matak
aya nu nyarita, cenah Bali téh hartina Banyak Libur.

Tuh nya, tungtungna mah kalah ka nyaritakeun selér séjén.

Kumaha atuh mun Taun Baru Sunda gé dirayakeun ku urang Sunda ?
Kedah usulna ka saha ? Ka Gubernur ? Cik saha nu apal ?

-dul-
tukang teuing


--- In [email protected], "Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Ih, palias teuing, nganyerikeun hate batur komo janten aktor 
intelektual isu SARA mah. ;-)
> Maksadna teh kieu,
> Mieling imlek teh lain ngaleungitkeun isu SARA, malah beuki 
ngagedurkeun isu SARA.
> Naha make kitu ?
> 
> Kahiji, suku bangsa Cina teh lain anu pang lobana di Indonesia teh, 
bari ari
> potensi na mah memang
> teu bisa di leuleungit ku urang.
> 
> Naha ari suku anu saeutik di jadikeun libur nasional, ari suku anu 
rahayat
> na loba teu di jadikeun
> libur nasional. Ieu teh mang rupa lolongkrang jang aktor 
intelektual (lamun
> aya ieu ge, tapi da sumpah
> teuing lain kuring ;-) ) pikeun ngagedurkeun isu SARA anu antuk na 
bisa
> ngajadikeun kaributan di nagara urang.
> 
> Ceuk sim kuring mah ieu teh blunder pamarentah nu maksudna mah 
hayang
> ngupahan ka bangsa Cina
> malahan kalah ka jadi bumerang pikeun maranehna.
> Geus teu kudu di caturkeun deui di dieu, yen aya timburu ka bangsa 
turunan
> Cina teh, utamana di sababkeun
> kasenjangan ekonomi di nagara urang, ku sabab maranehna geus 
nguasaan
> mayoritas perekonomian bangsa urang.
> Kudu na nu kudu diupahan mah bangsa Indonesia, supaya teu jadi 
piributeun
> tina masalah kesenjangan ekonomi eta.
> 
> Mangga tinggali di nagara tatangga Malaysia. Kuring pernah maca yen 
PM
> Malaysia anu geus kaliwat nyaeta
> Mahathir Mohamad pernah ngaluarkeun kabijakan anu cukup aheng jang 
bangsa
> urang mah, nyaeta pikeun
> bangsa melayu asli Malaysia dibere karinganan bunga mun ngajukeun 
kredit ka
> bank. Lengkah ieu di cokot
> sabab bangsa turunan Cina anu cicing di Malaysia teh geus ngawasaan
> (mengusai ?) sektor ekonomi anu kacida lobana.
> Di pikasieun hal ieu bisa nyababkeun papaseaan jeung riributan 
antara suku
> bangsa anu padahal mah sabangsa keneh.
> Lengkah siga kieu nu kuduna di pilampah ku pamarentah Indonesia 
teh, ceuk
> kuring mah.
> 
> Kadua, aya upaya sistematis (ieu mah suudzan kuring, we) pikeun
> ngaleungitkeun pangaruh Sunda ti nagara ieu,
> ku pamarentah Indonesia. Naon buktina ?
> Contona, Badak cula hiji anu ngaran latinna aya sunda an oge pan 
jadi badak
> Jawa.
> Jeung loba deui conto sejen saperti anu pernah di tulis dina milis 
ieu
> sababaraha waktu ka tukang.
> 
> Ku sabab kitu urang teh ulah daek di kitu-kitu (sanes miwarang 
riributan ieu
> mah).  Urang kudu merjuangkeun
> eksistensi US utamana di TS. Pan ayeuna mah aya OTDA, naon salahna 
atuh mun
> tepung taun pananggalan Sunda teh
> di pieling na ku US di TS wungkul. Jadi di wilayah Jawa Barat mah
> diliburkeun jeung di ayakeun festival-festival
> kasundaan, utamana keur panginget-nginget budaya Sunda jeung para 
pahlawan
> sunda.
> Terus di pake pananggalan sunda teh dina kahirupan US, minimal di 
kenalkeun
> atuh teu di pake saterusna oge. (Mun bisa
> mah aya pananggalan Sunda na dina situs US oge nya ?).
> Conto wae di Yogya, jalan-jalan jeung tempat umum loba anu di tulis 
make
> huruf Jawa. Padahal mah can tangtu
> ngalartieun urang Jawa oge.
> 
> Tah kitu maksadna posting sim kuring sababarah waku ka tukang teh, 
jadi
> mangrupa pamancing ka arah ieu.
> Ngan sigana kuring geus salah cara nulisna nu nyababkeun siga aya 
kangewa ka
> suku bangsa sejen.
> 
> Insya Allah ari ngewa mah teu aya, mung upami timburu mah aya ari 
saeutik
> mah.:-)
> Ku margi kitu kuring neda pang hapunten ti para wargi bilih bisi 
seratan sim
> kuring tos aya ngayerikeun
> manah para wargi.
> 
> hatur nuhun
> 
> --pun Ari.



>
> > Imlék meunang peré téh ti saprak Ibu Megawati jadi Présiden.
> > baheula-baheula mah teu meunang. Komo jaman orde baru mah.
> > enya da urang Cina gé loba di urang téh, jeung deuih dianggap
> > hiji selér nu poténsial keur kamajuan perékonomian nagara.
> > (ceuk batur ieu mah)
> >
> > Keun wé peré mah, da resep.
> > Apan isukan gé urang peré deui, 1 Muharam. Tahun Baru Islam.
> > resep lin peré téh ? Karék gé minggu, asup sapoé geus peré deui.
> > Komo nu salsé ti saptu mah loba nu dikantét, dihijikeun.
> > Emh..nikmat.
> >
> > Natal, Lebaran Haji, Lebaran Idul Fitri, Nyepi, Taun Baru Saka,
> > Muludan, Waisak, Isra Mi'raj, Kenaikan Isa Almasih ogé peré.
> > Tapi peré oge leuwih kana mieling poé nu aya pakaitna jeung
> > adat atawa kaagamaan.
> >
> > Cik, urang tingali tanggalan nu diserat ku kelir beureum,
> > aya poé peré nu miéling pahlawan teu ?
> > Kabayang mun miéling pahlawan kudu peré, rék iraha gawéna urang ?
> > peré wungkul jigana, da ratusan jumlah pahlawan di urang téh.
> >
> > punten ah Kang Ari, urang reueus jadi urang sunda,
> > tapi teu kedah najong manahna selér séjén, bilih janten isu SARA.
> >
> > -dul-
> > tukang teuing






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke