... kunaon urang cina, india, arab pada lalampar??
ceuk beja mah...., lemah cai maranehana mah nya satungkebing langit satangkarak jagat .... dimana maneh na aya didinya manehna kudu hirup! teu katargantungan ka lemah cai asalna.
-pun adi-
*****************************
On 2/1/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Loba nu teu resep kana kecap "sarakah" teh, da memang goreng. Tapi
kuring rek nempo ti sisi nu beda. Lain "sarakah" anu goreng
tapi "sarakah" anu aya gunana. Kasarakahan sabenerna salah sahiji
sifat jelema. Aya nu "sarakah" kana harta, aya nu "sarakah" kana
pangkat jeung gelar, aya nu "sarakah" hayang ditampi ibadahna, dugi
ka batur kaidek waktu jumrah dina munggah Haji oge, teu katingali.
Kaum Elmuwan oge gaduh sifat "sarakah" nyaeta sagala hayang nyaho,
teu hayang terang aya batur nu ambek-ambekan kulantaran teorina anu
nyigeung. Pokona "sarakah" teh manusiawi pisan.
"Sarakah" nu panggorengna cenah mah sarakah kana harta. Umumna nu
dianggap sarakah kana dunya teh nyaeta kaum sodagar/padagang. Dina
Agama Hindhu kaum sodagar/padagang ditempatkeun dina kasta katilu,
sahandapeun kaum Ulama (Ulama Hindu tangtuna oge) jeung kaum Ksatria
(lamun ayeuna mah birokrat jeung tantara). Ieu nunjukkeun kaum
sodagar/padagang teu pati dihargaan di masyarakat Hindu mah,
Kulantaran urang oge jaman baheula kantos jadi masyarakat Hindu,teu
aneh profesi padagang/sodagar kurang dihargaan. Papatah-papatah di
urang Sunda jeung urang Jawa, loba nu nembongkeun teu karesepan ka
jelema nu sok resep numpuk harta teh. Urang Sunda/ Jawa leuwih resep
jadi birokrat (jeung nu ngaharib-harib) atawa jadi patani.
Kakosongan kaum sodagar (kaum bazaar kitu ceuk basa Arab mah)
akhirna dieusi ku urang Cina, India jeung Arab. Kaum pendatang ieu
nu akhirna jadi kelas padagang di urang. Walanda oge ngamanfaatkeun
kaum padagang nu lain urang asli ieu teh, diangkat jadi warga kelas
dua, sahandapeun urang eropa, saluhureun warga pribumi nu nempatan
kelas panghandapna.
Untungna aya Islam. Dina Islam dagang teh lain hal nu goreng atawa
pagawean anu hina. Numpuk harta teu dilarang, asal kudu dibayar
zakatna. Pandangan Islam ieu alhamdulillah kaserep ku sabagian urang
Islam di urang. Ieu nu ngajadikeun kunaon basis-basis Islam di
urang, masyarakatna umumna tukang dagang atawa tukang usaha. Kaum
sodagar Islam ieu nu mimiti sadar kana jatidirina, nu dibuktikeun ku
lahirna Sarikat Dagang Islam di Solo (atawa Yogya kitu) keur
ngalawan dominasi kaum Cina dina urusan dagang.
Hanjakal pisan, urang masih kentel budaya heubeulna, lain sodagar
asli. Bah Uki tukang nasi uduk dina artikelna Radhar,lain padagang
nu boga sifat "kasarakahan", tapi padagang nu masih kaismeuan niley-
niley kaum bumiputera jaman baheula. Padagang tulen (Entrepreneur
sajati), moal eureun tepi ka hiji warung nasi uduk, tapi bisa
puluhan warung,malah lamun bisa mah aya sakuliah dunya. Sarakah,
meureun, tapi perlu!
Di urang, sering diucap-ucapkeun cenah mah nagara urang teh perlu
jalmi nu wani muka usaha, wani nyandak resiko, muka lapangan gawe.
Tah ....moal kacumponan atuh harepan ieu teh, upami gaduh prinsip
jiga Bah Uki mah meureun? ...... ah sacukupna we, tutungna
kasempetan ieu teh dicaplok deui-dicaplok deui ku "kapitalis"
katurunan (Cina, India, Arab) atawa ku kaum kapitalis nu datangna ti
luar negeri.
Baktos,
WALUYA
---xxx
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

