Mani seru, pisan, tapi siganamah aya anu henteu nyambung, salah sahijina, solah2 "sarakah" teh goreng, ngadoliman batur, dsj. Padahal salah sahiji pamendak pan diawitna parantos sacerewena medarkeun yen teu sadayana "sarakah" awon.
Mun ditilik contona barudak urang anu IPna nepi ka 3.9 hampir opat, kahirupanna teh "sarakah", mindeng pisan ka perpustakaan, sering nginjeum buku, babaturan kadisko manehna maca buku, kuper soal selebritis/dinetron dan "sarakah" kana diskusi jeung mere responsi di kampus, biasana "sarakah" nepi kapeuting, terus...panjang....
 
Tapi aya hiji anu pasti leresna yen dina hirup teh pasti aya hukum kasaimbangan dina sagala bidang, hal, sosial,ekonomo,agama,dsj.  Soal UMR, mun teu aya anu narima UMR moal aya tah PT Kapitalis, sadayana manajer ! Mun teu aya Praka, maenya perang teh Jendral wungkul, mun Bah Uki kulantaran sarakah tapi teu ngadoliman batur jadi mucunghul beunghar, maenya urang kudu ngutuk manehna,dsj.
 
Tah didieu lamun urang parantos ngahiji kana hiji idealisme (teu lepat) ,pasti jeung sagala cara urang ngabela pupujen urang. Didieu resepna teh, ngan kedah diemut, saling waleran kieu teh moal aya anu "meunang" atanapi "eleh",  tap wawasan anu tiasa dipulungan "ruar biasa" mangpaatna, urang teh jadi ngartos "where somone is coming from", ilmu urang nambih.....batur nu maca....urang nu mulungan....sanes kitu... baraya ?
 
Janten saleresna mah..dalam kahirupan urang sadidinten teh bari teu sadar seueur praktek/cara kapitalis atanapi utopis dilakonan........meureun aya oge Bah Uki anu gaduh 300 nasi Uduk Patent, padamelna anu 1200 urang diatas UMR, nganggo delivery services, nagadirikeun 2 masjid di kampungna, satia mayar pajeg ka nagara, ngajual franchise cara nyicil, gaduh istri opat simpenan 3, hobby karaoke di kota sareng dugem,.dsj..................

 
On 2/2/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring rada teu ngartos kana seratan Kang Yudi ieu : " Upami nagara
tos ngadamel aturan nu ngatur atuh henteu nagara kapitalis deui eta
mah sanes?". Janten upami kitu mah nagara-nagara Eropa Barat sareng
Amerika oge sanes nagara Kapitalis? . Di Amerika aya undang-undang
Anti-trust (anti monopoli). Lamun teu salah eta undang-undang geus
lami, kuring terang kulantaran maca artikel dina Kompas karangan
Cristianto Wibisono, nu ngritik monopoli konglomerat di urang. Eta
artikel teh di taun 1980'an. Lamun teu salah nagara urang nembe
nurutan aya aturan ieu di akhir taun 1990'an. Komo deui di Eropa
Barat, sigana leuwih heuras, kana praktek "monopoli" teh, sabab
sabagaian nu kawasa ti partey-partey nu boga faham sosialismeu
(sanes Komunismeu) atawa Partey Buruh. Janten nu dimaksad nagara
Kapitalis ku kang Yudi teh, nagara mana?

Kang Yudi, sababaraha kali nyerat perkawis dholim kapitalismeu dina
ngaeksploitasi jalmi (pekerja/buruh). Sakali deui ieu pamandegan teh
pamandegan baheula, pamandegan kaum Komunis dina nyalah-nyalahkeun
kapitalismeu liberal di abad ka 19. Ayeuna? ....hehehe ieu contona:
sababraha baraya urang di Kusnet didaramelna di industri-industri
milik kaum kapitalis, aya nu di pausahaan minyak di mancanagara, aya
nu di industri kapitalis Jepang. Rarasaan mah, ari papendak teh,
mani garagah, relatif malakmur dibanding kuring mah. Galumbira,
tingali we obrolanana di Kusnet atawa di gankleboy. Mana kitu ge
meureun aranjeunna sarugema, teu ngarasa dieksploitasi
ku "juragan"nana nu duka dimana ayana. Barudak nu kakara lulus ti
Perguruan tinggi paheula-heula ngalamar teh biasana pausahaan-
pausahaan ieu, sabab gajih jeung jaminana jauh langkung ageung
tinimbang didamel di pausahaan-pausahaan lokal atawa ....komo jadi
PNS mah. Janten, .....jigana pamadegan kapitalis mengeksploitasi
pekerja teh ....ah kedah dikoreksi supados saluyu jeung fakta sarta
jaman.

Kumargi diskusi urang teh, asalna tina "Kapitalismeu vs Islam?",
Kuring boga bukti yen urang Islam (individu) oge aya nu kapitalis.
Urang Arab Saudi nu balaleunghar nyarimpen artosna di Amerika, nu
digolangkeun ku para profesional di pasar dunya. Kulawarga Laden
(kulawargana Osama bin laden), sabenerna mah "kapitalis" nu neundeun
artos di perusahaan2 minyak dunya (Ceuk selentingan beja nu teu
puguh mah, malah kongsi jeung George Bush nu oge "raja minyak").
Kamari aya wartos leutik dina Kompas, ....aya kajadian lucu di Arab
Saudi, guru-guru loba nu bolos tina ngajar, kulanataran ...ngiluan
maen saham. Abong nu beunghar, heureuy oge saham, tepi ka poho
ngajar. Sultan Brunei oge, kaasup urang Islam "Kapitalis". Di urang
aya hotel mewah ngajegir di Bali, gagaduhan sang Sultan ieu. Tah,
kumaha ceuk kang Yudi, urang Islam model kieu?

Kuring satuju kana "pembinaan pribadi". Ngan sanes "pembinaan
pribadi" anu ngarah kana fatalismeu (bener kitu eta istilah teh,
maksudna jelema teh akhirna boga sikep narima we,jiga "ah cekap
sakieu we, teu hayang nu leuwih"). Sabab jadi patulang-tonggong
jeung slogan urang Kusnet : "Halik Ku Aing". Jeung deuih kuring
inget kana papatah Jenderal Cina, cenah mah, lamun rek ngelehkeun
musuh, kudu ngiluan jalan mikir musuh. Kitu deui lamun urang teu
resep kapitalismeu nu dibawa urang kulon, cara ngalawanna urang ge
kudu .... ngiluan jadi kapitalis ...hehehe atawa paling henteu
pikiranana. Eta papatah Jendral Cina teh jigana mah dipraktekkeun ku
urang Cina jeung bangsa-bangsa nu kapangaruhan ku kultur Cina, siga
Jepang jeung Korea. Tingali we dina lapangan maen bal dimana-mana,
disakuliah dunya, reuteum ku iklan produksi "kapitalis" Jepang atawa
Korea.

Perkawis Kangjeng Nabi, teu dipiwarang ngadamel nagara waktos awal-
awalna ( ari akhirna dipiwarang ngadamel nagara kitu?)....ah kuring
mah teu terang, sanes akhlina, mangga we nyanggakeun kanu terang ...


Baktos

WALUYA

(moal motong-motong deui seratan kang Yudi ....)



--- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Bahasan urang ngeunaan Bang Uki teh dina level manusa sosorangan
> (individu nyaeta kumaha urang salaku individu nyikepan isme2 nu
murudul
> ka uteuk urang). Dupi seratan di handapa mah tos ngajleng ka tatar
nu
> sanes: nagara alias hubungan antar individu alias ceuk jelema
pinter mah
> level makro. (janten as putar-puter ieu teh hehe)
>
> Upami nitenan seratan Abah: "Manawi, kumargi sifat dasarna jelema
teh
> "sarakah", kedah aya nu ngatur, nyaeta nagara, agama jeung etika
> (moral)..." dibandingkeun seratan Abdi kamari ngeunaan pairan
kangge
> seratan ti Media Indonesia asana mah henteu benten? Logikana urang
> kapitalis nungtut yen pasar dibuka sabebas-bebasna, bebas ku
aturan nu
> dongkapna ti nagara. Upami nagara tos ngadamel aturan nu ngatur
atuh
> henteu nagara kapitalis deui eta mah sanes?
>
> Seratan ngeunaan Bang Uki teh pamendak abdi kumaha ngalawan akibat
> 'sarakah' dina tataran individu. "Pembinaan pribadi" ieu penting ku
> lantaran ayeuna zaman demokrasi tur konsekuensi tina konsep bebas
vs
> pahala/dosa (upami urang percaya ka ayana Pangeran). Logikana: mun
> rahayatna parinunjul, pamingpin nu dipilih oge pinunjul, pamingpin
> pamingpin pinunjul insya Allah nagara makmur. Tapi, sapertos
seratan2
> kamari, 'jihad' struktural oge peryogi. Urang kedah gabung janten
grup
> nu neken pamarentah supaya cueut ka balarea, ulah ka nu gaduh
modal tur
> nu ageung-ageung wungkul. Dua 'jihad' ieu - ngajak jelema supaya
jadi
> jelema pinunjul tur secara 'terorganisasi' merangan kadoliman
> kapitalisme- kedah aya dua-duana, janten kawajiban urang tur kedah
> saling lengkepan.
>
> Janten abdi mah teu percanten mun disebatkeun yen "Ulah ngarepkeun
> individu jelemana, sabab sakali deui eta mah ukur utopia, atawa
> "menunggu Godot" nu teu datang-datang...". Patarosan abdi simpel,
di
> awal-awal lungsurna wahyu naha Nabi Muhammad di diparentah ngadamel
> nagara?
>
> Baktos,
> Y







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke