Pun Denis,
   
  Hatur nuhun kana waleran salira. Sumuhun di Hiroshima geuning danget ayeuna 
turun deui salju. Eta oge sakedik pisan. Umumna mah tos rada haneut. Di deui 
mah sok teu puguh hawana teh. Minggu-minggu kamari mah rada haneut. 
   
  Dina raraga penataran guru ieu simkuring diajar Pendidikan Geografi kanggo 
barudak SD. Rumaos simkuring teh teu aya latar belakang keguruan IPS. Simkuring 
sadidinten nganggo basa Indonesia, Jepang, sareng Inggris. Pami pendak sareng 
rerencangan ti Indonesia mah tangtuna mah nyarios dina basa [EMAIL PROTECTED] 
guyub dina PPI (Persatuan Pelajar Indonesia). Pami pendak sareng rerencangan ti 
nagara lian mah nyarios dina basa Inggris. Ka rerencangan Jepang mah, nya kedah 
nyarios ku basa Jepang. Sensei (dosen pembimbing) mah sok ngajak nyarios dina 
basa Jepang. 
   
  Urang Sunda di dieu mah mung tujuhan eta oge jarang pendak kumargi sibuk 
masing-masing urusan studi. Tangtuna mah simkuring nganggo basa Sunda. Pami 
urang Sunda pendak dina hiji acara mah geuning janten rame. Haneuteun. Biasa 
wae-lah sok guyon. Di dieu seuseueurna urang Jawa. 
   
  Insya Allah, disambung deui nya?
   
  Salam,
  Arman




Wassalam,
  Arman
  
  
  http://armanbelajar.multiply.com

                
---------------------------------
Brings words and photos together (easily) with
 PhotoMail  - it's free and works with Yahoo! Mail.

[Non-text portions of this message have been removed]






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke