Hehehehe ....teu ngambek, malah resep. Margi kang Yudi parantos ngijinkeun 
kuring motong-motong deui seratan kang Yudi, pairan si kuring rek diselipkeun, 
ngarah diskusina teu kamana-mana.





----- Original Message ----- 

From: "yudi" <[EMAIL PROTECTED]>

 

Cutat :

Naha abdi teh teu panuju kana kapitalis teh ku lantaran abdi anti Barat kitu? 
Wah tong lepat da  kritik kana kapitalis pangheulana disorakeun ku urang Barat 
keneh.  Malah seuseueurna mah urang barat nu ngritik kapitalisme teh. Janten  
abdi justru nu bingung kunaon Abah nyamikeun kapitalisme vs Islam  sareng Barat 
vs Wetan ku nyanyandak conto urang Arab, bin Laden sagala?  Pan ti kamari tos 
jelas sanes yen jelma sarakah mah bade Arab,  Pakistan, atanapi Sunda sami wae. 
Nu dilawan teh ide jeung konsepna,  sanes jelmana. Ku alesan ieu, numutkeun  
abdi mah patarosan nagara mana nu kapitalistik tos teu relevan deui. 



WALUYA : Satuju kang Yudi, nu ngritik kapitalismeu teh mimitina urang Kulon. 
Karl Marx sanes urang Sumedang .....hehehehe tapi urang Jerman nu terus cicing 
di Inggris. Atuh perkawis kuring nyanyandak urang Arab, kumargi Kang Yudi 
nyalira nu nyebatkeun "Islam teu ngadukung kapitalismeu". Tah kuring masihan 
conto aya oge urang Islam nu jadi Kapitalis. Sabab urang Islam nu balaleunghar 
mah apan Urang Arab, nya kuring mere conto eta. Nu "nabrakkeun Islam jeung 
kapitalis" teh sanes kuring, tapi kang Yudi nyalira. Mangga geura tingali 
seratan-seratan Kang Yudi nu tipayun.



Perkawis ide jeung konsep kapitalis nu kedah dilawan teh konsep nu mana tea? 
Sabab lamun teu jelas, sami we jeung dititah ngalawan jurig, nu teu puguh 
bungkeuleukanana. Kang Yudi pan kantos masihan situs perkawis kapitalismeu. 
Cobi poin-poin nu mana wae, tah si bangkawarah "kapitalismeu" teh nu kudu 
dilawan.



Cutat :


Mung kaleresan kapitalisme  teh lahirna tur disebarkeunna ku urang kulon. 
Janten we imperialisme  budaya (kulon) nu dipake ku sawatara jelma pikeun 
tujuan ekonomi teh  kedah kasabit2.  Istilah cultural imperialisme nyalira 
sanes ti nu ngewa ka barat tapi  tos janten teori nu mapan dina ilmu sosial. 
Mangga di-google,  salasawiosna di dieu.   

 

WALUYA : Kang Yudi, kuring boga lanceuk, guru sajarah, ceuk lanceuk kuring nu 
paling hese jeung matak "heurin ku letah" lamun nerangkeun nu disebut 
"imperialismeu budaya". Sabab naon? nu aranna guru sajarah apan kudu nerangkeun 
tah, riwayat budaya-budaya/agama di Urang, ti mimiti jaman animismeu, budha/ 
Hindu, Islam, barat.  Tah ari palebah nerangkeun "imperialismeu budaya" nu 
ditingali teh ngan  ukur "budaya kulon" wungkul da kitu kurikulumna. Narajang 
aya murid nu kritis, pan nanya tah, ari Hindu/Budha, Islam ........apan sarua 
eta oge tiluar, lain orisinil. Kumaha eta? Ceuk lanceuk kuring, kapaksa jawabna 
teh "muter", nu penting muridna teu nanya deui-teu nanya deui eta, da lanceuk 
kuring oge sarua teu boga jawabanana.  



Istilah "imperialismeu budaya" ti palebah mana ningalina. Kang Ira Wardhana 
(Cigugur Kuningan, terang meuruen timana eta da kang Yudi Urang Kuningan) atawa 
Kang Engkus Ruswana dina millis kisunda ( millis dulurna Kusnet) malah leuwih 
ekstrim deui, sadayana nu ti luar disebut imperialis. Nu prak jeung praktekna 
mah urang Kanekes/Baduy, sagala nu tiluar, ditolak.



 Cutat :

 Kaduana,  logika padungdeng urang teh logika normatif atanapi positif? Urang 
teh  nuju madungdengkeun kapitalisme dina tataran konsepna atanapi dina  
prakna? Upami bade nyebatkeun yen kapitalisme teh teu ngadoliman  padamel teras 
nyandak conto aya saratus-sajuta-tilu juta jalmi, atuh  candak we sadaya warga 
Eropa tur Amerika janten conto? Tapi ulah hilap  abdi oge tiasa nyebatkeun 
kasus sabalikna: Kumaha Marsinah? Kumaha  ayeuna UMR urang? Teras tong hilap 3 
milyar jalmi di dunia ayeuna aya  di handapeun garis karugian (numutkeun 
definisi World Bank, hirup ku  artos kirang ti 2$  sadinten); Balik deui ka 
conto klasik abdi naha enya Irak diserbu lain  ku lantaran ayana sawatara jelma 
(baca kapitalis) nu hayang ngawasaan  faktor produksi (minyak)? Eta teh fakta 
sanes? Tina fakta ieu wae tos  seueur kritik kana kapitalisme. 



WALUYA :  Marsinah? Marsinah maot ku kapitalismeu? .........ah tebih teuing 
Kang. Marsinah maot ku sistem nagara urang nu totaliter jeung militeristik. 
Dina poin-poin kapitalismeu nu di"acu" ku Kang Yudi, teu aya poin-poin yen kaum 
Kapitalis kudu ngahiji jeung pangawasa/militer. Marsinah maot di kantor Koramil!

 

Perkawis 3 milyar jalmi miskin di sakuliah dunya, memang enya. Tapi 
terus-terusan nyalahkeun hiji faham nu geus kabuktian mere karaharjaan ka 
rahayatna,  moal nganggeuskeun masalah. Kuring mah keukeuh sureukeuh, rakyat 
miskin di nagara-nagara miskin, loba diakibatkeun ku sistem nagarana nu salah. 
Nagarana Totaliter, nu kawasa teu aya nu ngontrol, jiga pangawasa absolut di 
eropa abad pertengahan. Ambisina lain keur ngarahajakeun rakyatna, tapi keur 
kapentingan manehna sorangan, rakyat dijieun obyek wungkul, pangawasa raresep 
gelut/perang. Tah ari nu kararieu mah atuh sanes kapitalismeu, tapi sistem 
diktaktor namina. Mangga geura tingali, di nagara mana wae rakyat miskin 
seuseueurna aya, tingali sistem nagarana. 

 

Soal Irak jeung Amerika jawaban kuring geus jelas basa kapungkur padungdengan.

 

Cutat :

Patarosan  abdi, bade di palih mana ieu teh diskusi urang teh? Ari abdi mah ti  
kamari ge tos jelas, kritik kapitalisme nu dipaparkeun teh aya dina  tataran 
normatif nyaeta kritik kana desainna: rasionalistik teuing tur  mukakeun teuing 
peluang eksploitasi jelma. Upami misalna bade di  tataran positif/praktis alias 
paseueueur conto mending ulah  dipanjangkeun deui diskusi urang teh da simpulan 
abdi tos jelas atuh:  kapitalisme nya sae pikeun nu disenangkeun ku kapitalis, 
goreng pikeun  ka nu teu disangsarakeun ku kapitalis. Peun, kitu sanes? 



WALUYA :  Sakaterang kuring, dina nanaon oge fakta heula, nembe aya teori. 
Kenging oge teori ti heula tapi mana faktana. Lamun teu nyambung antara fakta 
jeung teori nya ulah merekedeweng, sanes fakta nu dicoret, tapi teorina nu kudu 
dipupus. Komo dina elmu pangaweruh mah, prinsip ieu kedah dicepeng pisan. 
Meureun eta salah sahiji sikep  rasional teh. Tah palebah "rasio-rasio" ieu, 
kuring oge keukeuh sureukeuh, boga sikep urang teh kudu rasional, sabab 
peradaban jelema tepi maju jiga kieu teh, ku sikep rasional.

 

Cutat :

Katilu,  perkawis fatalistik. Sanes teu kenging leuwih, tapi mikirna 
ditambihan,  ulah ngan hayang leuwih wungkul. Kahiji, leuwih teh teu 
dihartikeun  dunya wungkul da sanajan nyieun amal sosial ge dianggap "dagang 
jeung  Pangeran nu moal rugi". Kadua, ulah hayang leuwih wungkul tapi carana  
neangan leuwih oge kudu diperhatikeun. Katilu ulah hayang leuwih  wungkul tapi 
ngabeakkeunna kumaha. (Mun dibalikkeun: "Yeuh ayeuna mah  kaayaan teh siga 
kieu, tingali urang kulon pan malakmur. Jadi geus we  we lah urang tarima cara 
hirupna, teu kudu neangan nu leuwih hade. Ieu  fatalistik henteu nya? :D)



WALUYA : Jadi bulak-balik kieu ieu teh, raraosan mah kuring teu nulis kudu 
narima kaayaan, malah kuring pan nganjurkeun "sarakah" sanes?.  Ceuk cohagna 
mah kieu : Turutan tuh urang kulon, nepi ka malakmur kitu. Kumaha eta teh 
carana. Ulah hayang makmur jiga urang kulon, tapi carana embung nurutan, da 
boga cara sorangan. Mending lamun cara sorangan teh geus aya buktina, lamun pek 
teh teu hasil, pan sarerea tah jadi korban dijieun eksperimen, jiga rahayat di 
nagara-nagara komunis nu dijieun eksperimen ku pamingpinna.

 

Cutat :
Pribadi2 siga di luhur nu perjuangkeun di awal periode Islam. Sabada  geus 
loba, tur disaluyukeun jeung perluna institusi struktural pikeun  ngajaga 
supaya jelma2 siga kieu (tur mun bisa leuwih loba), jleg we  nagara teh dijieun 
taun 622 Masehi. Nagara pangheulana dina sajarah  manusa nu didirikeun ku 
kontrak sosial (konstitusi) nu namina Madina  Charter. Naha ieu teh nagara 
Islam? Mangga baca naskah lengkepna di dieu.



WALUYA : Oh .......... maksad kang Yudi nyebat-nyebat Kangjeng Nabi teh ieu.  
Tapi kang Yudi, urang mah apan geus aya nagarana, nu namina Indonesia tea. 
Kontitusina oge geus aya. Perkawis Piagam Madinah, kuring oge kungsi maca dina 
millis Islam. Ah ...tapi kuring mah moal kapapanjangan lamun padungdengan geus 
lumpat kana "area" kayakinan mah .....engkena sok aya nu salah hartos.

 

>  
>  Baktos
>  Yudi



Baktos,

WALUYA


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke