Rampes,. . . . . . . Simkuring seja ngahaturkeun nuhun kanu ngadamel sinareng para kuncen di ieu KUSnet kana panampiannana, pamugi ieu KUSnet teh tiasa ngajantenkeun jalan pikeun nyebarkeun wawangi anu sajati ti sadaya urangsunda ka sakabeh mahluk hirup dimana bae ayana. amin...... Saleresna seu-eur nu hoyong ditaroskeun ka sadaya urangsunda ngeunaan kana kasundaan hususna, umumna mah perkawis tata-cara milampah kasundaan. Bongan ceuk beja tikaruhun, yen urangsunda teh tiasa ngadeg dibuana panca tengah, kalayan saimbang, teu hareup teuing, teu tukang teuing, teu dengdek kakatuhu, teu dengdek kakenca, teu luhur teuing, teu handap teuing, estuning jejeg ajeg teu lunggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Kumargi kitu, rupa-rupa pertarosanteh ayeuna bade dikempelkeun heula, ari ngumpulkeunana sabari cirekem, cirekem sabari ngintip-ngintip ka kasundaan tea. Simkuring rumaos teu bod-bodo acan, kukituna neda pangdu'a tisadaya urangsunda supados simkuring salawasna tiasa nyalindung kana rasa sajati, eling sajati, napas sajati tina tekad, ucap lampah nu saralah. Oge teu hilap simkuring ngiring ngadu'akeun kasadaya urangsunda, pamugi enggal tiasa ngadeg dibuana panca tengan kalayan disarengan ku kabungah nu taya hinggana. Amin Permios kasana, simkuring bade cirekem deui, ...... Wasalam.
__________________________________________________ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

