Sim kuring bade nambihan, sateuacana hatur nuhun ka Teh Imas sakulawargi nu 
nyayogikeun tempat sareng lalawuh & parasmanan ka nu dongkap. Oge ka Kang 
Nanang nu tos ngawawarkeun acara oge laporanana.
   
  Tambihan ti sim kuring:
   
  Kamari Jakarta hujan jeung ceudeum, matak gogoda kana ngaringkuk batan datang 
ka kopdar. Tapi kitu oge asana mah diskusina mah lancar tur kaala hasilna, nu 
tumali jeung:
   
  1. Kaorganisasian
  Tina hasil evaluasi singket kageatan2 nu geus diayakeun sataun katukang 
(kaasup HBH, Kusnet- Simpay) ditetepkeun yen enya ge informal, Kusnet Jakarta 
rek konsisten tartib administrasi jeung organisasi dina ngayakeun kopdar jeung 
kageatan di darat sejena. Ku kituna tiap kageatan kudu jelas netepkeun tujuan, 
rencana, ngalaksanakeunana jeung tangtuna ngalaporkeunana. 
   
  Kahareup tiap kageatan kudu diwawarkeun jeung dibuka ka balarea. Tujuanana 
keur ngabuka kasempetan ka balarea nu rek icikibung, aktif jeung ngawangun 
solidaritas urang sunda. Mun udaganana kaitung gede nu ngabutuhkeun kapanitiaan 
nya sasarengan disusun ti mimiti personel kapanitiaanana nepi ka rencana - 
laporanana. 
   
  Program-program Kusnet Jakarta rek ditalungtik ulang kaasup posisi kencleng 
Kusnet Jakarta. Kapangurusan Kusnet Jakarta kahareup teu dibahas detil kumargi 
Kang Akos, Kang Ikmal oge Kang Yani teu tiasa ngaluuhan kopdar. Ngan Insya 
Allah masalah kaorganisasian rek diagendakeun ka kopdar nu diayakeun di hareup. 
 Sekretariat sementawis di rorompok Kang Akos di Kebon Jeruk jeung di rorompok 
sim kuring di Karet/Setiabudi. Taun kamari geus ditetepkeun sabisana Kopdar 
Kusnet Jakarta diayakeun tiap dua bulan.
   
   
   
  2. Agenda Kageatan
   
  a. Kusnet Jakarta
  Penca silat Insya Allah dikawitan minggon katilu Februari, tempat di Karet 
Setiabudi. Dintena teu acan ditantoskeun naha bade Saptu/malam minggu atanapi 
dinten Minggu. Kangge pertemuan kahiji rupina bade dibahas naon/kumahana nu 
tumali jeung materi oge kapalatihanana. Masalah latihan penca silat boh kembang 
(ibing penca) sareng beladiri bade dialungkeun ka milis sasarengan dibahas 
kumaha saena.
   
  b. Umum
  Lajuninglaku acara Simpay di UI kamari, oge Rencana Pasanggiri Pupuh nu 
digagas Apih teu dibahas detil, oge teu acan dilebetkeun kana agenda Kusnet 
Jakarta. Saena dibahas dibahas umum, sasarengan di bakus.
   
  3. Bantosan ka Mang Ayat
   
  Bade sasarengan dieundeukeun deui di milis perkawis real action ngabantosan 
Mang Ayat khususna ngempelkeun dana pangubaran.
   
  Sakitu panambih ti sim kuring.
   
  salam
  Jalak Pakuan
  

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar rutin Kusnet anu diayakeun dina dinten Minggu, 
ping 5 Februari ti tabuh 10.00 enjing dugi ka tabuh 14.00 siang, 
di bumina Teh Imas, Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan 
teu aya rintangan naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara : 
---------------------------------------------------- 
- Kang Tirta + putrana
- Kang Irpan
- Kang Kamal + Istrina + putrana
- Teh Imas
- Teh Mia
- Teh Tatat + rencangna
- Abdi, Ndoell tea

Kagiatan / Acara  : 
------------------------------------------------------------
Ngabahas perkawis Panitia HBH Kusnet, oge garapan-garapan Kusnet 
kapayun anu hasilna diantawisna :

- Panitia HBH 2005 resmi dibubarkeun
- Rencana riungan sasih payun kanggo ngabentuk Panitia HBH 2006
- Sababaraha usulan anu sipatna mangrupikeun wacana keur 
  persiapan HBH 2006 anu samentawis bade disawalakeun  secara   
  terbatas.
- Bade icalan kaos deui keur ngeusian kencleng operasional Kusnet

Hatur nuhun ka Teh Imas sakulwargi anu parantos hut-het nyayogikeun 
tempat anu sakitu merenahna, oge katuangan anu sakitu raosna.

Hatur nuhun ka anu parantos ngersakeun sumping, hatur nuhun oge anu 
parantos nelpon, ngintun imel, sms, sareng ngintun salam merhatoskeun 
ieu acara;

Hatur nuhun oge kanu teu sumping, mugi-mugi engke mah tiasa sumping 
dina acara sarupaning kokopdaran;

Manawi sakitu pedarana kagiatan kempelan teh, kanggo salengkepna 
manawi tiasa ditambihan kunu sanes. Hatur nuhun kana sagala 
perhatosanana.


Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokatuh

-Ndoell-
tukang wawar



Makarya Mawa Raharja

                        
---------------------------------
 Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke