Sapuk sareng wa tito abdi oge, sakedahna mah sanes kanggo anu 
ngantunkeun wungkul eta kalimah teh. Tiasa oge upami urang kenging 
jabatan, kedahna mah ngucapkeun eta kalimah. Upami teu lepat mah 
kantos Umar Bin Abdul Azis, ngucapkeun eta kalimah nalika anjeuna 
dijenengkeun janten halifah.  Bari nyegruk bakating ku sieun tangel 
waler di akheratna.
Ari Bangsa urang mah sanes kitu, ari janten pejabat... teh kalahka 
Alhamdulillah...da seuseueurna masih keneh ningal ku panon deet. Yen 
bakal hirup salamina, upami ku panon hate mah anu jero....... hirup 
di dunya mah ukur pangulinan moal lana salilana!

Deny
--- In [email protected], "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> pamendak sim kuring mah..sami wae ...naha kenging musibah 
ngantunkeun
> atanapi karerepet..sae ngucapkeun eta kalimah....sadayana oge ku 
urang kedah
> disanggakeun ka Allah anu kagungan sagala hal anu tumiba ka urang 
sadayana..
> malahmah sabagian jalmi anu kenging amanah sapertos jabatan sok 
ngucapkeun
> eta kalimah..margi pan amanah teh abot tapi seuseueurna sok 
ngucapkeun
> Alhamdulillah...padahal jabatan teh amanah tea.....
> cag..ah.....
> ----- Original Message -----
> From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Monday, February 06, 2006 12:07 PM
> Subject: [Urang Sunda] Kecap: "Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun"
> 
> 
> > Baraya, ari kecap "Innalillahi Wa'inna illaihi Rojiun", teh, 
upami teu
> > lepat mah hartosna " Asalna ti Alloh, mulang deui ka Alloh". 
Upami
> > hartosna sapertos kieu, cocog kanggo anu nembe ngantunkeun mah, 
ngan
> > ceuk kuring mah kirang cocog kanggo nu teu damang atanapi keuna 
musibah
> > sanes ngantunkeun mah.
> >
> > Tah kumaha baraya?
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke