Poe saptu sore kamari, kuring nonton wartos tina TV. Walah .....wartosna mani ku rame, eta wartos nu nyerebu kampung nu di eusi kaum Akhmadyah di Lombok. Batu pasuliwer, clurit, seuneu ...... Dicegat ku pulisi dijalan, ngabrul make jalan sawah, nu tutungna eta lembur ampir beak diduruk. Untungna teh teu aya korban jiwa. Rada ngahuleng saatos nonton wartos eta teh. Ku baredegong nya jelema teh geuning, nu ieu keukeuh kudu kieu, nu itu keukeuh embung robah. Pakeukeuh-keukeuh ........ahirna nu "ribut" ayeuna .... Menteri luar negeri jeung Menteri agama.
Enya, pan aya beja cenah, urang Akhamdyah Lombok teh rek menta suaka politik ka nagara-nagara sejen, utamina mah ka Australia sareng Canada. Alesanana kulantaran nagara Indonesia teu bisa mere proteksi ka maranehna sabab kajadianana geus sababaraha kali. Hag siah ....lamun enya teh tepi ka kitu, jadi urusan gede, komo lamun urang Akhamdyahna numpak parahu, nyabrang ka Australia, terus didramatisir ku media. Rame tah, media sadunya ngawartoskeun, jiga manusa parahu urang Vietnam atawa kajadian ayeuna 43 urang Papua, nyabrang ka Australia, make parahu, menta suka politik di Australia. Rek dikamanakeun yeuh "beungeut" Indonesia? Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

