Kang Dudi ulah bingung ah. Ceuk cenah mah unggal etnis boga kabiasaan 
masing-masing. Dina film "God must be Crazy" digambarkeun kumaha bingungna 
nona bule waktu nanya ka urang suku asli, sabab jawabna ku gogodeg terus teu 
aya unggeukna. Gogodeg ceuk urang suku asli, hartina muhun. Dina 
kanyataanana aya hiji etnik lamun papanggih lain sasalaman, tapi malah silih 
pencet irung. Urang Indonesia paling teu resep lamun dirabak sirah, 
sabalikna urang arab, malah bujur nu teu meunang kacabak teh. Urang Irian, 
henteu porno sanajan ukur "disolobongan" wungkul, tapi di Jakarta 
Anjarasmara malah dibawa ka pangadilan, kulantaran ampir bubulucun.

Lamun rek nyigeung jelema, gampang, lakukeun we nu teu dipikaresep ku jelema 
eta. Tah eta jigana nu dilakukeun ku koran di Denmark teh. Tapi ayeuna jadi 
bumerang, puas ....siah!.  Sabab kuring teu percaya, kartunis koran eta teu 
terang naon nu teu dipikaresep ku urang Islam, duka lamun 
kartunisna.....tara maca mah.

Tah ari perkawis Mr Bean mah, bae eta mah urusan urang Inggris, da nu 
diributkeunana oge UU nagara Inggris. Ngan ku kuring diforwardkeun teh keur 
pangaweruh we kumaha sih pandangan urang Bule ka urang Islam teh. Da 
tangtuna oge urang kedah terang kasang-tukangna, kunaon ayeuna, maranehna 
kitu-kitu teuing ka Urang Islam teh. Komo ari Inggris mah, pan kantos caket 
sareng dunia Islam teh, maklum da "penjajah" . Penjajah dina tanda kutip, da 
ceuk urang Arab jaman samemeh PD II mah, meureun babaturan, nu ngabebaskeun 
tanah Arab tina kakawasaan kekhalifahan Turki. Dina MetroTV kantos 
ditayangkeun aya hiji petualang awewe bangsa Inggris (namina hilap deui) nu 
lebet ka jero Tanah Arab  nu harita mah teu bisa diasupan ku urang Asing. 
Petualang awewe ieu gaduh asisten, nu akhirna sang asisten ieu mantuan 
bangsa Arab perang jeung Turki. Mantan asisten petualang awewe  nu akhirna 
langkung kasohor, katelahna teh Lawrence of Arabia.

Baktos,
WALUYA

----- Original Message ----- 
From: "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, February 07, 2006 5:15 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] "Mr Bean" jeung "Kebebasan Berekpresi"


> kunaon nya urang sok ningali teh ti kacamata kulon wae???? ti mimiti nu
> modern nu beradab nu nu sejenna... naha ari ngaku Islam, tapi ngarasa 
> Islam
> teh teu modern teu beradab, naha nya????? kuring salaku muslim najan
> katepena wungkul tara pisan meunang jawaban nu nyugemakeun. salah 
> sahijina,
> kabebasan berekspresi dijadikeun tameng pikeun ngalakukeun hal-hal anu 
> ceuk
> agama jeung darigama dilarang, sabab alesanna di barat ge teu dilarang...
> duh... sok ah punten pang walerkeun, naha salah saha jadi kieu? salah 
> saha?
> duhhhh
>
> aya nu ngomong, di dunya mah euweuh nu bebas mutlak, sabab kabebasan hiji
> jalema kasengker ku kabebasan jalema sejen, bener kitu??? mun misalkeun
> jalma nu ngaku boga kabebasan berekspresi teu ngeunah alatan ekspresi
> manehna di parotres nya atuh ulah ngudeg-ngudek kabebasan ngabogaan
> kapercayaan batur... naha euweuh deui cara pikeun ngekspresikeun sejen ti
> kitu??? mun teu boga, ah teu kreatif, cekeng.
>
> kuring angger bingung, pernah maca ceunah naha umat muslim demo wakto aya
> gambar nu ngajejeleh kangjeng nabi??? naha teu malikeun deui ku nu 
> kararitu
> tapi kalahka daremo???? naha teu saruana ngaluarkeun sarupaning satire2 ka
> agama2 maranehna nu nyieun eta gambar??? padahal ka ageman kristen ge loba
> nu dijejeleh. cekeng mah, naha nu maling kudu dipaling keur males??? naha
> kudu nyaruakeun jeung nu agaman karesten??? akidah Islam beda jeung akidah
> kristen.
>
> ah ngacaprak....
>
>
> dh
> (kudu dh(dihampura), dh (da hampuraeun))
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke